Suis

From Wikipedia, the free encyclopedia

Suis
Remove ads

Suis (Basa Jérman: die Schweiz,[note 3] Basa Prancis: la Suisse, Basa Itali: Svizzera, Romansh: la Svizra), resmina Konféderasi Suis (Lat.: Confœderatio Helvetica, ku kituna dina ISO boga sandi nagara CH jeung CHE), nyaéta républik féderal nu diwangun ku 26 kanton, kalawan puseurna di Bern. Ieu nagara perenahna di Éropa Kulon[note 4], dikuriling ku Jérman (kalér), Prancis (kulon), Itali (kidul), sarta Austria jeung Liechtenstein (wétan).

Fakta Singget Schweizerische EidgenossenschaftConfédération suisseConfederazione SvizzeraConfederaziun svizra Confoederatio HelveticaKonféderasi Swiss, Kota panggedéna ...
Thumb
Matterhorn

Suis téh nagara nu kakubeng di darat nu wilayahna sacara géografis kabagi tilu ku Alps, Central Plateau, jeung Jura nu lega sakabéhna 41.285 km2. Pangeusina kira ukur 7,8 juta jalma nu lolobana matuh di Platéau, tempatna kota-kota gedé, di antarana dua kota global jeung puseur ékonomi Zurih (Zürich) jeung Jenéwa (Geneva). Ieu nagara kaasup nagara pangbeungharna di dunya dumasar produk doméstik bruto (PDB) per kapita anu gedéna US$67.384.[4] Zurih jeung Jenéwa salaku kota aya dina réngking kadua jeung katilu salaku kota anu kualitas hirupna punjul.[6]

Konféderasi Suis kungsi lila jadi nagara nétral—teu kungsi ngilu perang sacara internasional ti 1815—malah kakara ngagabung jeung PBB taun 2002. Di Suis loba markas organisasi internasional, di antarana baé Forum Ékonomi Sadunya, IOC, Palang Mérah Internasional, WTO, FIFA, jeung kantor PBB panggedéna kadua. Dina tingkatan Éropa, Suis téh tempat ngadegna European Free Trade Association sarta ngilu kana Schengen Agreement - najan sabenerna ieu nagara téh lain anggota Uni Éropa atawa European Economic Area.

Pangeusi Suis diwangun ku tilu wilayah basa jeung budaya: Jérman, Prancis, jeung Itali. Ku kituna, masarakatna henteu ngabentuk hiji bangsa dina harti étnik atawa jatidiri basa anu ilahar. Kuatna rasa sanagara datang ti saruana kasang tukang sajarah, ajén-inajén (féderalismeu, démokrasi langsung, nétralitas)[7] jeung simbolismeu Alpina.[8] Konféderasi Suis ngadeg 1 Agustus 1291, sarta dipiéling unggal taun salaku Poé Nasional Suis.

Remove ads

Kanton

 Artikel utama: Daptar kanton di Swiss.

Konféderasi Swiss dibagi kana 26 kanton, nyaéta:

  • Aargau
  • Appenzell Innerrhoden
  • Appenzell Ausserrhoden
  • Basel-Stadt
  • Basel-Landschaft
  • Bern
  • Fribourg
  • Jenewa
  • Glarus
  • Graubünden
  • Jura
  • Luzern
  • Neuchâtel
  • Nidwalden
  • Obwalden
  • Schaffhausen
  • Schwyz
  • Solothurn
  • St. Gallen
  • Thurgau
  • Ticino
  • Uri
  • Valais
  • Vaud
  • Zug
  • Zürich

Basa[rujukan?]

 Artikel utama: Géografi linguistik Swiss.
Thumb
Basa di Swiss:
Jérman Standar Swiss jeung Jérman Swiss (63,7%),
Perancis, Franche-Comte, jeung Arpitan (19,2%),
Italia jeung Lombardia (7,6%),
Roma (0,6%)

Catetan suku

  1. De jure "federal city"; de facto capital. Because of historical federalist sensibilities, Swiss law does not designate a formal capital, and some federal institutions such as courts are located in other cities.
  2. Traditional. The Federal Charter mentions only "early August" and the treaty is a renewal of an older one, now lost.
  3. The Swiss German name is also sometimes spelt as Schwyz or Schwiiz. Schwyz is also the standard German (and international) name of one of the Swiss cantons.
  4. Or Central Europe depending on the definition. See Geography of Switzerland.

Tempo ogé

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads