Sumur
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Sumur nyaéta hiji liang nungahaja dikali sangkan kaluar cai.[1] Sumur ngahaja dijieun pikeun nyumponan kabutuhan cai, utamana dimangpaatkeun pikeun kaperluan rumahtangga kayaning nyeuseuh, ngumbah wadah, cai taheureun jeung sajabana.[1] Ilaharna sumur dijieun tukangeun imah, sanajan kiwari geus ampir aranglangka imah-imah nu mibanda sumur utamana imah-imah di kota.[2] Gantina pikeun kabutuhan cai maké pakakas saperti kompa cai listrik, kitu deui cai nu dikocorkeun ku PDAM.[2]

Dina budaya urang, sumur téh mibanda harti tempat karamat.[3] Nya dina sumur ieu masyarakat urang sok ngayakeun hiji ritual pikeun ngalap berkah, kaasup salametan sangkan meunang kasalametan tur kabagjaan.[3] Ditempo tina jerona, sumur dibédakeun kana dua rupa tayalian sumur déét jeung sumur jero (bisa nepika 50 m).[4][5]
Remove ads
Katangtuan nyieun sumur
- Cai nu dihasilkeun tina éta sumur kudu hérang, henteu ngandung baktéri jeung zat kimia nu bahaya
- Sumur kudu jauh tina tempat pamiceunan kokotor, sahenteuna 10 méter
- Biwir sumur kudu dijieun témbokan (crub) kurang leuwih 80 cm jangkungna kalawan jérona 2 méter, sangkan henteu kahontal ku budak leutik sarta teu kaasupan cileuncang
- Saluareun sumur kudu dipasang ubin atawa bata nu teunyerep cai, kurang leuwih 1,2 mééter sangkan teu caleubrik/leueur.[4]
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
