Tolombong
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Tolombong téh nyaéta parabot rumah tangga anu dijieun tina anyaman tangkal awi beunang meulahan tur diipiskeun[1], ilaharna dipaké paranti ngawadahan paré, hui, jukut, dahareun, jeung réa-réa deui [2], mangsana dibawa tolombong téh biasana dikélék, disuhun, jeung ditanggung [3].

Remove ads
Pedaran

Tolombong mangrupa pakakas anu remen dipaké pikeun kahirupan sapopoé utamana mangsana usum panén[4], baheula méh unggal imah mibanda tolombong leuwih ti hiji meulina kawilang gampang ku jalan nukeur keun tolombong tinu dagang (biasana anu dagang nguriling bari ngabengkot naggung) jeung tilu kulak béas [5]. Biwir tolombong buleud sakurilingna diwengku sangkan leuwih kuat, palebah awakna buleud rata jeung biwir luhur sedengkeun beulah handapna masagi juruna aya opat, tolombong jangkung kurang leuwih tilu jeungkal leungeun kolot [6]. Aya deui anu wangunna sarua jeung tolombong ngan pédah leuwih gedé ukurana anu katelah ngarana telebug[7].
Remove ads
Kagunaan
Tolombong téh loba pisan guna jeung mangpaatna, umpamana dipaké ngawadahan dahareun mangsa arék dibawa/dipindahkeun katempat séjén, saperti dagangkeuneun, nganteuran dahareun keur anu digarawé disawah atawa dikebon (mupundutan), ngawadahan hasil panén saméméh dijual, jeung sajabana [8], Teu saeutik ogé tolombong dipaké ngiderkeun dagangan [9], tolombong ogé bisa dipaké wadah paranti neundeun atawa ngunjalan barang-barang séjéna [10][11],
Remove ads
Tutumbu kaluar
- Tolombong mangrupa pakakas Archived 2017-03-29 di Wayback Machine
- Pakakas/pancarakén Sunda
- Tolombong didagangkeun[tumbu nonaktif]
- Tolombong mangrupa wadah
- Tolombong dipikaresep ku Turis Archived 2020-01-21 di Wayback Machine
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
