Umroh

From Wikipedia, the free encyclopedia

Umroh
Remove ads

Umroh (Basa Arab: عمرة) nyaéta salah sahiji kagiatan ibadah dina agama Islam anu méh sarua jeung ibadah haji. Cara ngalaksanakeun ieu ibadah téh ngaliwatan sababaraha tahapan ibadah di kota suci Mekkah, hususna di Masjidil Haram [1] Dina istilah téhnis syari'ah. Umroh hartina ngalaksanakeun tawaf di Ka'bah jeung sa'i antara Shofa jeung Marwah, Sanggeus maké kaén ihram anu dicokot tina miqat. Umroh kawentar ogé ku sebutan haji leutik.[2] Bédana umroh jeung haji nyaéta dina waktu jeung tempatna. Umroh bisa dilaksanakeun iraha waé (unggal poé, bulan, jeung tahun) kalayan tempatna ukur di Mekkah, ari haji mah ukur dilaksanakeun antara ping 8 Dzulhijjah nepi ka 12 Dzulhijjah kalayan dilaksanakeun nepi ka luar Kota Mekah.[3]

Thumb
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
Solat Saum
Zakat Haji
Kota Penting
Mekah Madinah
Yerusalem Kufah
Kajadian
Hijrah Kalénder Islam Idul Fitri
Idul Adha Maulid
Wangunan
Masjid Munara
Mihrob Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'an Hadits Sunnah
Fiqih Fatwa Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i
Remove ads

Katangtuan

Sarat

  1. Agama Islam [3]
  2. Balégh jeung miboga akal
  3. Merdéka lain budak beulian
  4. Miboga kamampuh fisik jeung finansial
  5. Ayana mahram (husus awéwé))

Rukun

  1. Ihram, sanggeus niat umroh kudu maké pakéan sa'i keur nutupan aurat [3]
  2. Thawaf, ngurilingan Ka'bah 7 kali
  3. Sa'ii, leumpang gancang ti Bukit Sofa ka Bukit Marwa nu lobana dua balikan.
  4. Tahallul, nyukur rambut sanggeus ngalaksanakeun sa'i minangka jadi tanda Umroh téh geus sampurna
  5. Tertib

Wajib

  1. Ngalaksanakeun ihram waktu rék asup ka miqat [3]
  2. Tahallul keur nyukur rambut nepi ka botak atawa dicepak
  • Katerangan: [3]
  1. Ninggalkeun rukun, umrohna teu sampurna kudu balikan deui
  2. Ninggalkeun kawajiban, umrohna dianggap sah ngan patali jeung kakurangan mah bisa diganti DAM
  3. Sapatemon saméméh sai kudu ngaganti ku embé hiji
Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads