Useup
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Useup nyaéta hiji alat pikeun ngala lauk.[1] Useup dijieun tina kawat waja anu ditikelkeun nepi ka ngeluk.[2] Tungtungna diseukeutan kalawan maké ruruhit sangkan lauk anu nyanggut henteu bisa lésot deui.[3] Useup dipaké ngala lauk gedé ogé lauk leutik, di laut, balong, susukan, muara, jeung sajabana.[4] Kecap pagawéanna tina useup téh nguseup, anu hartina ngala lauk maké useup.[5]

Kiwari useup dijieun ku pabrik nepi ka ngahasilkeun useup-useup anu leuwih kuat, seukeut tur henteu gancang tihiangan.[6] Aya ogé useup anu dilapis ku teflon anu ngahasilkeun useup anu watekna leuwih lésang mangsa ngait kana biwir lauk.[7] Kitu ogé témpona ngalésotkeunana leuwing gancang, tur useupna moal tihiangan.[7] Nagara anu kasohor ngahasilkeun useup anu haradé saperti Inggris, Norwegia, jeung Amerika Serikat.[7] Ari ti Asia mah anu kasohor ngan nagara Jepang wungkul.[7]

Remove ads
Sajarah
Useup atawa alat anu sarupa jeung useup geus dijieun rébuan taun kaliwat.[8] Useup jaman néolitik kapanggih di Palestina dijieun dina 7000 SM, malahan useup anu kapanggih ku para arkéolog di guha Jerimalai di Timor Timur mah pangkolotna sadunya, dijieun dina taun 16000 nepi ka 23000 taun kaliwat.[8]
Rupa-rupa useup
Ditempo tina seuseukeutna, useup dibédakeun jadi dua rupa nyaéta useup anu maké ruruhit jeung useup anu henteu maké ruruhit.[6] Anu maké ruruhit paling loba dipaké pikeun nguseup di darat (cai anta) sedengkeun useup anu henteu maké ruruhit mah umumna dipaké di laut pikeun nguseup lauk cakalang jeung tuna.[6]
Dumasar kana elukan useup, di pasaran dijual dua rupa eluk useup nyaéta eluk anu modél hurup G jeung modél hurup J.[9] Sababaraha mérek useup jieunan pabrik useup anu kasohor saperti Gamakatsu, Mustad, jeung Daiich.[9]
Remove ads
Istilah-istilah dina nguseup
- Nguseup dasaran (bottom Fishing) : maksudna useup anu geus dieupanan diteuleumkeun nepi ka dasar cai/laut atawa rada ngagantung luhureun dasarna sangkan henteu ngait kana batu karang, maksudna pikeun ngala lauk anu hirupna didasar laut.[9]
- Ngoncer (live bait): maksudna nguseupna maké eupan tina lauk anu hirup kénéh, henteu maké babandul sangkan ngerelep.[9] Cukup ngencarkeun lauk eupan anu masih kénéh hirup anu saméméhna geus dipasang panitih (snap swivel) anu disambungkeun maké kawat kana useup.[9] Kenur diulur nuturkeun ka mana léosna lauk eupan anu geus ditalian.[9] Lauk anu dipaké eupan kayaning selar, tembang, layang, como, kembung, jeung alu-alu atawa anak lauk barakuda.[9]
- Trolling (toda): useupna dipasang eupan tina plastik/“lure” anu dipalidkeun tukangeun kapal, tuluy jeujeurna ditegérkeun dina kapal bari dina kaayaan maju 5-7 knot.[9] Eupanna dipulut maké golongan (reel) bari rada dicentok-centok di mana eupan nepi, tuluy dialungkeun deui kitu-jeung kitu waé nepi ka aya anu nyanggut.[9] Nguseup cara kieu kudu maké jeujeur one piece (teu maké sambungan) kalawan golong (open reel) anu dijieun pikeun nguseup ku cara kieu.[9]
- Surf casting: nguseupna henteu dina parahu atawa kapal tapi di sisi basisir, maké jeujeur anu panjang aya kana 4 méterna.[9] Eupan dialungkeun ti sisi ka tengah maké jeujeur, tuluy dipulut deui ka sisi ngarah eupan diudag ku lauk.[9]
- Rock Casting: carana méh sarua jeung surf casting, ngan tempat nguseupna lain di sisi basisir tapi di luhureun batu karang atawa amparan koral di sisi laut.[9]
- Popping: sabenerna méh sarua jeung cara casting, ngan jeujeur anu dipaké leuwih pondok mimiti 180 nepi ka 210 cm.[9] Eupanna sarua maké “lure” atawa eupan palsu anu ngambang.[9] Wujudna kawas mangkok anu dialungkeun ka tempat nu sakirana ayaan lauk, tuluy dipulut deui bari dicentok-centok.[9] Ku lantaran gancang mulutna mangsana dicentok téh disada pop, pop,pop... nabrak jeung beungeut cai.[9]
- Jigging: useup anu maké eupan palsu tina bahan timah (métal jig lure) anu diréka-réka wujudna kawas lauk.[9] Tuluy ieu timah téh dialungkeun ka tengah laut tuluy dipulut deui ka luhur, mangsa ditarik ieu timah katempo kokolépatan kawas lauk ngojay anu bisa ngabibita lauk.[9]
Remove ads
Dicutat tina
Baca ogé
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads