Yogié Suardi Mémét
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Yogié Suardi Mémét (Radén Muhammad Yogié Suardi Mémét) katelah Yogie S. Mémét nyaéta saurang inohong sarta pajuang pituin ti Jawa Barat, Yogié S.M (gumelar di Cirebon, Jawa Barat, 16 Méi 1929 – tilar dunya 7 Juni 2007 dina umur 78 taun) ngaréngsékeun sakola di SP3AD (1952), Suslapa, jeung Seskoad.[1] Mangsa jumeneng kénéh anjeunna kungsi ngalungguhan sababaraha jabatan penting di pamaréntahan.[1]
Mangsa jaman révolusi, anjeunna ngagabung jadi tantara pelajar (TP) Batalyon 400, daérah operasina di Cirebon.[1] Nalika nyepeng kalungguhan jadi Komandan Yon 330 Kujang I Siliwangi kapapancénan pikeun numpes gorombolan DI/TII tur nyangkalak Kahar Muzakkar di Sulawesi, gilig patékadanna moal waka mulang lamun tacan kacangkalak pamingpin éta gorombolan.[1][2]
Mangsa pamaréntah orde baru, dina kaping 20 Januari 1998 anjeunna dibarengan ku dua sobatna (Feisal Tanjung jeung Harmoko), ngadeuheus ka Presidén H.M. Suharto seja nepikeun hasil tina panalungtikan ngeunaan kasadiaan rahayat pikeun ngarojong H.M. Suharto ngadeg deui jadi presidén RI periode 1998-2003.[3]
Remove ads
Kasang tukang
Militer jeung Pamaréntahan
Yogie gumelar di Cirebon, 16 Mei 1929 jadi anak kaopat ti 11 dulurna. Yogie gumelar ti pasangan R Memet Bratasuganda jeung Ny. Alniyah[4]. Anjeunna ngajalankeun sababaraha karirna di TNI ku jadi Komandan Jendral Kopassandha (1975-1983) jeung Panglima Daérah Militer VI Siliwangi (1978-1983)[5]. Di taun 1985 nepi 1993, manéhna dipilih jadi Gubernur Jawa Kulon. Saatos jadi gubernur, manéhna dipercanten jadi Menteri Dalam Negeri ti taun 1993-1998. Jabatan akhir anu dipégang manéhna nyaéta anggota Dewan Pertimbangan Agung (1998-2003).
Saanggeus jadi DPA
Saanggeus turun ti jabatan Déwan Pertimbangan Agung, kondisi kasehatanna nurun tur kudu ngalakukeun cuci darah rutin. Kondisi ieu lanjut nepi ka anjeunna tilar dunya di taun 2007.
Tilar dunya
Yogie tilar dunya dina Kamis, 7 Juni 2007 di Rumah Sakit Advent Bandung tabuh 14.15 WIB. Sateuacanna Yogie kungsi kaserang ku kasakit gagal ginjal[6].
Remove ads
Atikan jeung karir
Atikan
- HIS (1942)
- SMP (1945)
- SMA [5](1950)
Karir
Sababaraha kalungguhan penting dina pamarentahan anu kungsi jadi tanggung jawab anjeunna :[2]
- Tentara Pelajar Batalyon 400 (1945-1946)
- Dan Yon 330 Para Kujang I Bandung (1965-1967) ; Komandan Kodim di Bandung
- Kepala Staf Brigade Lintas Udara 17
- Komandan Brigade Infanteri 15 Kujang II (1970-1973)
- Komandan Jenderal Kopassandha (ayeuna Kopassus (1975-1976)
- Panglima Kodam VI/Siliwangi di Bandung
- Panglima Komando Wilayah Pertahanan II di Yogyakarta (1983-1985)
- Gubernur Jawa Barat (1985-1993)
- Menteri Dalam Negeri Kabinet Pemwangunan V (1993-1998)
- Anggota Dewan Pertimbangan Agung (1998) [2]
Remove ads
Pangajén ti Pamaréntah
Tempo ogé
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads