Adas
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Adas atawa hadés (Foeniculum vulgare Miller) nyaéta hiji tangkal anu diarah sikina pikeun rupa-rupa kagunaan.[1] Ilaharna dipaké bungbu masak jeung ubar, bisa ogé diala minyakna.[2] [1] Adas ku urang Acéh mah disebutna das pedas, di Minangkabau disebutna adeh, manih, urang Jawa nyebutna adas londa, paampas di Manado, denggu-denggu di Gorontalo, adase di Bugis jeung adas di Bali.[1] Adas ngarekahan ku jalan dipelakkeun sikina, jeung bisa ogé dipelak tina sirung anakna.[1][3]
Remove ads
Ciri mandiri

Tangkal adas bisa hirup di dataran nu luhurna kurang leuwih 1800 m luhureun beungeut cai laut, tangtuna leuwih hadé umpama hirup di wewengkon anu leuwih luhur.[4] Tangkalna ngadapur, unggal dapuran aya kana tilu nepi ka lima tangkalna.[4] Hirupna nahun, jangkungna satengah méter nepi ka dua méter.[4] Kelir tangkalna héjo semu paul, umpama di petik atawa dipencét kaangseu seungit.[4] Daunna maréncos kawas jarum, kelirna kembang konéng ngaranggeuy, unggal ranggeuyan mibanda genep nepi ka sapuluh cupat kembang.[4] Buahna lonyod reregetan, buah ngora kelirna héjo robah kelirna jadi coklat jeung kaambung seungit umpama geus kolot.[4]
Remove ads
Nagara Asal

Adas téh tatangkalan asli Éropa kalér jeung Asia, ku lantaran loba guna jeung manfaatna tuluy waé loba dipelak di Indonésia, India, Argéntina, Jeung Jepang.[1][4] Diurangmah ngahaja dipelak pikeun bahan bungbu jeung rupa-rupa ubar.[4]
Mangpaat jeung kagunaan
Buah adas anu geus kolot tur asak diala tuluy dipoé nepi ka garing, buah adas mibanda rasa semu amis, lada, jeung haneut.[1] Mangpaat anu geus kanyahoan tina buah adas taya lian pikeun ubar bunghak, sebel, kurang segut kana barang dahar, batuk reuhak, hésé saré (insominia), jeung sajabana.[1] daunna ogé bisa dipaké ngubaran batuk, bunghak, hanaang jeung ngaronjatkeun kamampuan panénjo panon.[1] Pikeun ubar inumeun, godog/kulub buah adas kurang leuwih 3-9 gram, atawa dirieus nepi ka lembut, tuluy ditinyuh ku cai ngagolak, di mana geus haneut hareuheuy kakara diinum.[1] Pikeun pamakéan di luar, buah adas beunang moé dirieus nepi ka lembut tuluy ditaplokeun kana bagéan awak anu karasa umpamana raheut, nyeri huntu, sariawan jeung sajabana.[1]
Bahaya anu ditimbulkeun
Sagigireun adas loba guna jeung mangpaatna, aya ogé tembahna di mana diinum leuwih tina katangtuan, saperti bisa ngabalukarkeun :
- Fotodermatitis taya lian bisa ngabalukarkeun alérgi pikeun saha waé anu henteu kuat, katempo dina kulit bararial kawas anu ararateul umpama katojo ku panon poé.[1]
- Kontak dermatitis di mana minyak adas anu kalétak sumawona kateurey matak ngabalukarkeun murel jeung utah-utahan.[1]
- Siki adas ngabalukarkeun interaksi jeung ubar séjénna saperti ubar anti-epilepsi.[4] Siki adas malah ngabalukarkeun kejang-kejang.
- Thelarche, bijilna pinareup leuwih téréh.[1]
- Ngurangan laktasi, lamun seug digunakeun dina jumlah anu loba matak ngurangan cisusu.[1]
- Ngaronjatkeun résiko katerap panyakit kangker.[4]
- Ngahalangan énzim metabolisme.[5]
Remove ads
Rujukan
Tutumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
