Ajian

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Ajian téh sabangsa mantra (jangjawokan) anu gunana pikeun ngandelan kakuatan lahir batin pikeun nu ngagemna tur bisa meruhkeun nu lian[1]. Ajian téh naon-naon anu diaji upamana ajian nerus bumi, nyageurkeun nu gering, mélét, nyirep, jst [2].

Conto Ajian

Ajian Kabedasan[1]

Dampal suku ngabatu datar,[1]
bitis ngabatu wilis,[1]
nyurup ka badanna,[1]
nyurup ka sungsumna,[1]
getih sabadan,[1]
bulu sabadan,[1]
bedas ngala ka aki,[1]
bismillah,[1]

Ajian Prabu Siliwangi

Sir, aing, Prabu Siliwangi,[1]
Cipta aing Nabi Adam,[1]
rasa aing Rasulullah,[1]
ya Allah, ya Rasulullah,[1]
tiba jenengan Prabu Kean Santang Maring Ingsun,[1]
kedét aing Ratu Galuh,[1]
kiceup aing Prabu Tajimaléla,[1]
Itu nu hurung di luhur,[1]
éta nu hérang di handap,[1]
nu hibar ditengah-tengah,[1]
nya aing Sang Ratu Gumala putih,[1]
nyatana ti poé kemis,[1]
nya aing Sang Ratu Gumala Putih,[1]
nyetana di poé jumaah.[1]

Ajian Ngarah Kuat Badan

Bismillahirrohmanirrohim,[1]
alingan isun maring Gusti nyawa Nira,[1]
di katuhu malaékat Sang Seda Tuhu,[1]
Katuhueun ing manusa.[1]

Alingan isun maring Gusti nyawa nira,[1]
ti kénca malékat Sang Seda Lenyep,[1]
kalenyepan ing manusa.[1]

Alingan isun maring Gusti nyawa sira,[1]
ti handap malaékat seuseup dampal,[1]
malaékat Sang Seda Rasa.[1]

Alingan isun maring Gusti nyawa nira,[1]
ti tukang malaékat banding gorda(garba?)[1]
malaékat Sang Seda Kenyang,[1]
kekehyangan ing manusa.[1]

Alingan isun maring Gusti nyawa nira,[1]
ti hareup malaikat puncering amarah,[1]
tutupi angliputi.[1]

Alingan isun maring Gusti nyawa nira,[1]
ti luhur malaikat Sang Seda Liput,[1]
kaliputan ing manusa[1]

Alingan isun maring Gusti nyawa nira,[1]
ditutup ku ibu, disangga ku rama,[1]
La illaha ilallah Muhammadarrosulullah.[1]

Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads