Amazon

From Wikipedia, the free encyclopedia

Amazon
Remove ads

Amazon mangrupa perusahaan bisnis anu maké métode online panggedéna sadunya[1]. Puseur kantorna aya di Seattle, Washington, Amérika Serikat[1]. Ieu perusahaan mimitina ukur dagang buku[1]. Kiwari produkna mingkin ngalobaan, ti mulai DVD, CD, vidéo, MP3, aplikasi komputer, vidéo game, barang éléktronik, raksukan, parabot rumah tangga, kadaharan, jeung perhiasan[1]. Ieu perusahaan diadegkeun ku Jeff Bezos di taun 1944[1]. Sanggeus ngagunakeun métode online dina dagangna, ngaranna perusahaanana jadi amazon.com[1]. Ngaran Amazon dicokot tina ngaran leuwi panggedéna sadunya[1].

Thumb
Logo perusahaan Amazon.
Remove ads

Sajarah

Saméméh ngadegkeun Amazon, Jeff Bezos nyekel kalungguhan salaku wakil présidén di perusahaan D.E. Shaw[1]. Jeff Bezos milih eureun tina pakasabanana, pikeun ngilu ancrub dina bisnis dagang dina internét anu harita keur mekar[1]. Manéhna yakin yén ieu bisnis bakal ngaronjat nepi ka 2.300%[1]. Ahirna Jeff Bezos mulai ngadaptarkeun sababaraha produk pikeun dijual sacara online. Éta produk téh di antarana compact disc (CD), pakakas komputer, aplikasi, vidéo, jeung buku[1]. Produk anu panglakuna nyaéta buku, ahirna Jeff Bezos nyieun kacindekkan rék panceg jualan buku waé di toko online-na[1].

Sanggeus dua bulan ngadeg, Amazon geus ngajual produl ka 50 kota ti 45 nagara[1]. Bulan salajeungna, daya jualna ngaronjat nepi ka ngahontal 20.000 dollar AS di unggal mingguna[1]. Di taun 1998, Amazon teu saukur ngajual buku hungkul, tapi sababaraha produk kawas DVD[1]. Lian ti éta Amazon ogé gawé bareng jeung sababaraha perusahaan séjén pikeun mekarkeun bisnisna.

Ti taun 1998, Amazon geus muka cabang sacara internasional mimiti anu ditampilkeun di Inggris jeung Jérman[1]. Nepi ka kiwari Amazon miboga bisnis online anu sumebar di nagara-nagara maju di dunya kawas Amérika Serikat, Kanada, Prancis, India, Italia, Spanyol, Brasil, Jepang, Cina, Walanda[1], Swédia, jeung nagara séjénna[1].

Remove ads

Stratégi

Amazon mangrupa perusahaan publik anu kawéntar sadunya, sanggeus bisa ngéléhkeun pasar Microsoft[2]. Di taun 2020, jumlah harta Jeff Bezos ngahontal US$188 miliar[3]. Aya sababaraha stratégi Amazon, sangkan ngirut invéstor pikeun gabung jeung ieu bisnis di antarana:

  • Amazon ngalarapkeun stratégi limitasi, anu miboga harti ngajual barang anu diwatesanan jumlahna[4].
  • Ongkos kirim dibéré gratis pikeun sabaraha katangtuan[4]. Katangtuan anu dilarapkeun perusahaan Amazon di antarana, ongkos bisa gratis lamun geus nepi ka wates biaya minimal nalika meuli. Katangtuan kadua, kudu daptar jadi anggota di Amazon[4].
  • Amazon ngabandingkeun sababaraha produk anu dijualna[4]. Hal anu dibandingkeun bisa tina kualitas, merk, jeung harga[4].
  • Cloud, ngaliwatan Amazon Web Service ngajadikeun ieu perusahaan jadi pamaén dina bisnis anu gedé[2]. Bati tina AWS sakitar US$23 miliar[2]. Ieu wéb miboga anggota aktif, sarta miboga 140 layanan pikeun mekarkeun bisnis[2]. Ieu fasilitas bakal dimekarkeun ka Bahrain, Hong Kong, jeung Afrika Kidul[2].
  • E-commerce anu ilubiung jeung Amazon[2]. Ieu perusahaan geus nyumbangkeun satengah tina hasil daganganana keur Amérika Serikat[2]. 90% bati ti perusahaan Amazon dihasilkeun tina jualan ritél[2].
  • Mekarkeun bisnis dina widang pelayanan kaséhatan[2].
  • Tuluy ngalakukeun ékspérimén[3].
  • Mekarkeun inovasi bisnis, sarta mampuh ngigelan zaman[3].
Remove ads

Daftar Référénsi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads