Pakasaban

From Wikipedia, the free encyclopedia

Pakasaban
Remove ads

Pakasaban atawa patukangan nyaéta pagawéan anu dilakonan ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoé.[1]

Thumb
patani
Thumb
pamayang
Thumb
tukang dagang
Thumb
kebojengkeng
Thumb
jururawat

Pakasaban Urang Sunda

Mayoritas pakasaban masarakat Sunda nyaéta minangka patani, nambang keusik, sarta ngahuma.[2] Nepi ka abad ka-19, loba masarakat Sunda anu ngahuma ku cara pundah-pindah. Di kota mah, loba urang Sunda anu gawéna jadi buruh pabrik, pagawé nagari, sarta jadi pembantu.[2] Anu sok dagang kuriling loba ogé dilakonan ku masarakat Sunda, utamana asal Tasikmalaya sarta Garut. Maranéhanana loba ngajual rupa-rupa parabot rumah tangga.[2] Pakasaban anu pokok di masarakat Sunda téh aya 3, nyaéta :

Salian tani, aya ogé anu pakasabanana jadi tukang dagang, pengrajin, jeung peternak.[2]

Remove ads

Istilah-stilah Pakasaban

  • Amil nyaéta tukang nguruskeun saniskara nu aya patalina jeung perkara agama di désa, disebut ogé lebé.[1]
  • Anjun nyaéta tukang nyieun barang gagarabah (parabot dapur) tina taneuh.[1]
  • Badaya nyaéta tukang ngigel (biasana awéwé), di karaton atawa di kabupatén, igelna ogé igel badaya.[1]
  • Baluk nyaéta awéwé tukang dagang ngider.[1]
  • Baramaén nyaéta tukang jajaluk. Ilikan jajaluk /musafir.[1]
  • Bas nyaéta tukang kai atawa tukang nyieun wawangunan (imah).[1]
  • Béngkong nyaéta tukang nyunatan (paraji sunat).[1]
  • Bujangga nyaéta pangarang jeung ahli dangding nu mashur lantaran hasil-hasil karyana, ahli basa/sastra (ahli pikir nu palinter).[1]
  • Candoli nyaéta tukang ngajaga jeung méréan sagala rupa bahan dahareun di nu kariaan (biasana awéwé).[1]
  • Dalang nyaéta 1.tukang ngalalakonkeun carita carita wayang; 2. pamingpin rombongan réog,calung,jsb.[1]
  • Dokter nyaéta ahli ngubaran kasakit lulusan paguron luhur.[1]
  • Dukun nyaéta tukang ngubaran kasakit ku jampé, urut, atawa ku padika anu béda jeung dokter.[1]
  • Gending nyaéta tukang nyieun parabot tina kuningan, hususna tatabeuhan saperti gamelan, jeung sajabana.[1]
  • Indung beurang nyaéta tukang ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok (biasana awéwé), disebut ogé paraji.[1]
  • Jagal nyaéta tukang meuncit munding, sapi jeung sajabana.[1]
  • Jobong nyaéta awéwé nu nampa bayaran tina hubungan séxs di luar nikah.[1]
  • Jurualok nyaéta tukang ngeuyeub-ngeuyeub kawih atawa kakawihan.[1]
  • Jurubayar nyaéta tukang ngabagikeun duit bayaran ka anu hak nampana.[1]
  • Juruladén nyaéta tukang ngalayanan anu balanja di toko.[1]
  • Jurumudi nyaéta tukang ngamudikeun kapal laut.[1]
  • Jurupantun nyaéta tukang nyarita atawa ngadongéng diselang-selang ku ngawih bari nabeuh kacapi.[1]
  • Kabayan nyaéta tukang 1.ngajaga paséban (baheula);2.tukang ngaladénan dina hajatan.[1]
  • Kajineman nyaéta tukang ngajaga sakitan, mandor sakitan.[1]
  • Kamasan nyaéta tukang nyieun perhiasan tina emas atawa pérak.[1]
  • Kebojéngkéng nyaéta tukang ngagusur padati.[1]
  • Koki nyaéta tukang ngieun kaolahan, juru masak.[1]
  • Kulaér nyaéta kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung.[1]
  • Kuncén nyaéta tukang ngurus kuburan.[1]
  • Malim nyaéta tukang meruhkeun sasatoan galak.[1]
  • Mandor nyaéta tukang nalingakeun jeung ngatur pagawé.[1]
  • Modin nyaéta tukang adan.[1]
  • Pamayang nyaéta tukang ngala lauk di laut.[1]
  • Nayaga nyaéta tukang nabeuh gamelan.[1]
  • Panday nyaéta tukang ngieun barang/parabot tina beusi.[1]
  • Paraji nyaéta tukang nyunatan atawa tukang nulungan nu ngajuru.[1]
  • Patani nyaéta tukang ngagarap taneuh supaya kaala hasil tatanenna.[1]
Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads