Ayakan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Ayakan nyaéta parabot anu bisa dipaké ngayak.[1] Ayakan dijieunna tina anyaman awi bisa hinisna atawa dagingna, rékép jeung carangna ayakan gumantung kana pangabutuh.[2][3] Ayakan anu ukuran leuwih gedé tibatan ayakan biasa disebut jodang anu dijieun tina hinis awi.[4][5]

Kagunaan
Loba guna jeung mangpaat ayakan saperti paragi nyiuk lauk, keur ngabedahkeun, moé kéré lauk, ranginang, opak, nuhurkeun kacang meunang ngulub, jeung sajabana.[6] Geus ilahar ogé dimangpaatkeun keur wadah bungbu jeung sabangsaning samara.[7] Ayakan remen dipaké keur milihan binih lauk, nunda lauk anu keur diberesihan jeung sajabana.[8] Kagunaan séjén ayakan dipaké pikeun nyieun parab hayam sangkan ngaguruntul (crumbles butiran pecah).[9] Bahan-bahan meunang ngaduk tuluy diseupan sangkan hasilna bisa jadi guruntulan laleutik tur gampang dihakan ku hayam, adonan beunang nyeupan didedetkeun luhureun ayakan sangkan merejel laleutik.[9] Bisa ogé dipaké nandéan parab lauk lélé, sangkan parab henteu teuleum kana dasar cai ogé gampang diangkat deui lamun henteu béak jadi parab moal buruk tur ngaganggu lauk.[10]
Remove ads
Tempo ogé
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
