B
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
B nyaéta hurup kadua dina alfabét Latin. Dina basa Latin sarta basa séjén umumna (kaasup basa Indonésia), hurup ieu biasana melambangkan konsonan dwibibir, hususna foném [b], konsonan letup dwibibir bersuara.
Remove ads
Sajarah
‹B› asalna ti hiji piktogram denah hiji imah dina aksara hiéroglif Mesir atawa aksara Proto-sinaitik. Kira-kira taun1050 SM, hurup éta dimekarkeun dina abjad Fénisia jadi wangun linéar sarta ngaranna beth.
Remove ads
Pamakéan
Dina lolobana basa anu maké alfabét Latin, hurup B nandakeun konsonan letup dwibibir bersuara (/b/). Dina basa Éstonia, Islandia, sarta ogé transkripsi basa Tionghoa, B henteu bersuara, tapi masih dibédakeun ti hurup P, anu dipanjangkan jadi /pp/ dina basa Éstonia, sarta dihembuskan ogé jadi /pʰ/ dina basa Tionghoa sarta Islandia. Dina basa Fiji, B dipranasalisasi jadi /mb/, samentara dina basa Zulu sarta basa Xhosa jadi konsonan letup-balik /ɓ/, berbanding dwihuruf Bh anu melambangkan /b/.
Basa Finlandia ngan maké hurup b pikeun kecap pinjaman.
Dina hurup IPA sarta X-SAMPA, hurup /b/ nandakeun konsonan letup dwibibir bersuara. Ayana wangun variasi hurup b anu nandakeun konsonan dwibir patula-patali, kawas konsonan letup-balik dwibibir bersuara sarta konsonan getar dwibibir. Dina X-SAMPA, hurup badag B nandakeun konsonan desis dwibibir bersuara.
Hurup B ogé dipaké minangka not musik.
Remove ads
Kode komputasi
Répréséntasi alternatif hurup B
| Alfabét fonétik NATO | Kode Morsé | ||
| Bravo | |||
| Bendera isyarat | Semafor | Basa isyarat | Braille |
Tempo ogé
Wikimedia Commons memiliki media mengenai B.
- Beta (huruf Yunani)
- В: Ve (huruf Sirilik)
- Ɓ
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

