F
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
F nyaéta hurup Latin ke-6. Ngaranna dina basa Inggris, Indonésia, sarta Malayu nyaéta ef, dibaca [ɛf]. Hurup ieu mindeng dipaké pikeun menandai sada konsonan desis bibir-gigi nirsuara.
Remove ads
Sajarah
Asal-usul hurup F dimimitian ti hurup Semitik vâv anu melambangkan sada /v/, sarta kamungkinan mulanya ngagambarkeun "kait" atawa "gada". Hurup vâv meureun ogé kabentuk dumasar hiji hiéroglif Mesir, anu ngagambarkeun "gada":
Wangun hurup Fénisia waw diserep ka dina hurup Yunani minangka hurup vokal, upsilon (anu nyarupaan turunanana, hurup Y, tapi ogé jadi karuhun hurup-hurup U, V, sarta W); sarta ogé dina hiji wangun séjén, nyaéta hurup konsonan digamma anu nyarupaan hurup F Romawi, tapi diucapkan /w/ kawas dina basa Fénisia. Saterusna, foném /w/ kasebut péang ti basa Yunani, tuluy fungsi digamma minangka angka waé.
Dina basa Étruska, F ogé diucapkan /w/. Dina pamustunganana urang Étruska mengemukakan hiji inovasi nyaéta ngagunakeun dwihuruf FH pikeun sada /f/, sarta hurup F ngawakilan foném /f/ waktu urang Romawi nyerepanana (alatan maranéhanana geus meminjam hurup U ti hurup Yunani upsilon pikeun sada /w/). Hurup phi (Φ φ) ogé madanan sada /f/ dina basa Yunani.
Hurup leutik f henteu kaci diidentikkan jeung hurup ſ, nyaéta s panjang anu dipaké dina jaman baheula. Contona, "sinfulness" ditulis "ſinfulneſs" lamun maké hurup s panjang. Pamakéan hurup s panjang memudar nyanghareupan ahir abad ka-19, kamungkinan pikeun nyingkahan kekeliruan jeung hurup f.
Remove ads
Kode komputasi
Répréséntasi alternatif hurup F
| Alfabét fonétik NATO | Kode Morsé | ||
| Foxtrot | |||
| Bendera isyarat | Semafor | Basa isyarat | Braille |
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads





