S

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

S nyaéta hurup ke-19 dina alfabét Latin. Hurup ieu disebut es, dibaca [ɛs].

Wiktionary logo
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap
Fakta Singget Alfabét Latin dasar ...

Sajarah

Informasi leuwih jero Proto-Semitik šimš →, Fénisia shin → ...

Hurup Syin ("huntu") ti rungkun basa Semit kungsi melambangkan konsonan desis pascarongga-huntu nirsuara /ʃ/ (kawas dina kecap syarat). Wangun asalna meureun ngagambarkeun huntu atawa buah harigu. Basa Yunani henteu ngandung sada /ʃ/ kasebut, mangka hurup sigma (Σ) dipaké pikeun ngawakilan /s/. Ngaran "sigma" sugan dicokot ti hurup Semitik "Sâmek" (lauk; tulang tukang) sarta lain "Šîn". Dina basa Étruska sarta Latin, peunteun sada [s] ditetepkeun, sarta ngan dina basa modérnlah hurup ieu dipaké pikeun ngawakilan sada séjén, kawas konsonan desis pascarongga-gigi nirsuara [ʃ] dina basa Hongaria sarta Jerman (saméméh p, t), atawa konsonan desis rongga-huntu bersuara [z] dina basa Inggris (rise, 'bangun'), Perancis (lisez, 'baca') sarta Jerman (lesen, 'maca').

Dina mangsa baheula, hiji wangun alternatif pikeun s, nyaéta ſ (s panjang), dipaké dina permulaan atawa pertengahan kecap dina basa-basa Éropa nu tangtu; wangun terkininya, s pondok, dipaké dina ahir omongan. Contonhya, sinfulness ("pinuh dosa") ditulis ſinfulneſs ngagunakeun s panjang éta. Pamakéan long s merosot nyanghareupan mimiti abad ka-19, pikeun ngurangan kekeliruan jeung hurup f leutik. Ligatur "ſs" (atawa "ſz") dina basa Jerman jadi ess-tsett ( ß ).

Remove ads

Pamakéan

Dina lolobana basa anu maké alfabét Latin, sarta ogé Alfabét Fonétik Internasional, hurup s ngawakilan konsonan desis rongga-huntu nirsuara, kajaba basa Viétnam sarta basa Hongaria. Di ditu S melambangkan konsonan desis pascarongga-huntu nirsuara /ʃ/, kawas dwihuruf "sy" dina kecap "syarat." Basa-basa séjén kaasup basa Inggris, Portugis sarta Jerman ngandung kecap-kecap anu mana "s" ngawakilan sada /ʃ/ sarta /z/.

Dina ortografi basa Jerman, hurup ß dipaké minangka gaganti ligatur "ss", ngawakilan sada [s] nirsuara. Dina basa Jerman hurup éta disebut Eszett, dibaca [ɛsˈtsɛt]. Hurup éta dipaké pikeun melambangkan sada [s] di antara dua vokal, contona beißen (dibaca [baɪ̯sən], harti: 'ngégél'); küssen (dibaca [kʏsən], harti: 'nyium').

Dina sawatara basa, S ogé dipaké pikeun ngawakilan sada konsonan desis rongga-huntu bersuara ([z]), kawas dina basa Yup'ik lamun S ditulis di antara hurup hirup. Dina basa Pinyin, sada /z/ kasebut ngagunakeun dwihuruf SS.

S ogé dipaké minangka lambang dina élmu pasti. Dina élmu kimia, S nyaéta simbol kimia pikeun Sulfur (walirang). Dina fisika, S dipaké minangka simbol jarak. S ogé mangrupa singgetan ti unit wayah dina sistem Hijian Internasional: sekon (detik).

Remove ads

Kode komputasi

Répréséntasi alternatif hurup S
Alfabét fonétik NATO Kode Morsé
Sierra ···
Thumb Thumb Thumb
Bendera isyarat Semafor Basa isyarat Braille
Informasi leuwih jero Titik kode, Huruf badag ...

Tempo ogé

  • Ss
  • ß
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads