Bandeng

From Wikipedia, the free encyclopedia

Bandeng
Remove ads

Bandeng (Chanos chanos); Milkfish nyaéta lauk laut anu asalna tina kulawarga Chanidae ordo malacopterygii.[1][2] Hirup nyebar di laut ti mimiti Afrika wétan nepi ka pulo-pulo di Tuamutu, Tahiti wétan, Jepang beulah kidul nepi ka Australia kalér.[1] Tapi sanajan kitu lauk bandeng mah arang langka katéwak ku para pamayang.[1] Bandeng ilahar dipiara di tambak sisi basisir, sanajan binihna ti laut kiwari lauk bandeng geus bisa dipegarkeun dina kandang (bak).[1] Bandeng anu dipiara di tambak mibanda beurat 0,6 kg dina umur 5-6 bulan.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...

Lauk bandeng pangawakanna panjang, lauk déwasa bisa nepi ka saméter ngan anu ngahaja dipiara di tambak mah paling panjang satengah méter.[1] Bandeng bisa hirup nepi ka umur 15 taun.[3][4] Awakna panjang lempay, sirip dina tonggong jeung dada katémbong heuras, sirip buntutna nyagak jeung katémbong rubak.[4] Bahamna leutik tur teu mibanda huntu, kelir awakna katempo semu héjo (zaitun), sisitna katémbong bodas ngagurilap kawas pérak.[4] Dina tonggongna mibanda 13-17 ramo-ramo sirip, 8-10 ramo sirip dina pamiceunanna kalawan 31 sirip palebah buntutna.[4]

Binih lauk bandeng disebut ogé nénér numutkeun panalungtikan Dirjen Perikanan di Indonesia jumlah tangkapan nénér kawilang loba: dimimitian ku propinsi Aceh sanggup nyadiakeun 530 juta binih dina sataun, kadua Bali ngahasilkeun 250 juta, jeung anu katilu Sulawesi Kidul ngahasilkeun 198 juta nénér dina sataun, poténsi nénér anu dihasilkeun ti sakabéh Propinsi kurang leuwih 1.5 miliar nénér unggal taunna.[1] Kabutuhan nénér di Indonesia sorangan kurang leuwih 1 miliar, jadi sésana dijual ka luar negeri (Taiwan, Singapura, jeung Malaysia) hargana leuwih onjoy tibatan benur (binih hurang).[1]

Remove ads

Ciri Mandiri

  1. Bandeng sanggup hirup nyanghareupan parobahan kandungan uyah dina cai tempat hirupna (eurialin).[1]
  2. Henteu mibanda huntu, mikaresep ganggang biru (klekap) anu hirup di dasar cai.[1]
  3. Panjang peujitna 9 kali leuwih panjang tibatan panjang awakna.[1]
  4. Anak bandeng mikaresep hirup dina cai anta di muara, nincak déwasa kakara miang ka tengah laut.[1]
  5. Indung lauk bandeng bisa ngendog 5,7 juta endog dina sakali usum mijah.[1]
Remove ads

Daftar pustaka

  1. Agus Murtidjo, Bambang (2001-01-01). Budi Daya Dan Pembenihan Bandeng. Kanisius. ISBN 9789792100105.

Tutumbu kaluar

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads