Basa Azerbaijan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Basa Azerbaijan[8] atanapi Turk Azerbaijan[9][10] (Azərbaycan dili, Azərbaycanca, Azərbaycan Türkcəsi) nyaéta hiji basa ti rungkun basa Turk, dipaké utamina di Asia kidul-kulon ku urang Azerbaijan, utamina di Azerbaijan jeung Iran beulah kalér-kulon. Basa Azerbaijan mangrupa anggota ti Oghuz, bagian ti rungkun basa Turk sarta deukeut jeung Basa Turki, Qashqai, jeung Turkmén.
Remove ads
Aksara

Di Azerbaijan, Basa Azerbaijan Kalér ayuena sacara resmi ngagunakeun aksara Latin, tapi aksara Kiril masih ogé dipaké, samentara di Iran, Basa Azerbaijan Kidul ngagunakeun aksara Pérso-Arab. Di handap nyaéta babandingan antara aksar-aksarana:
|
|
|
|
Saméméh 1929, Basa Azerbaijan diserat ngan maké aksara Pérso-Arab. Dina 1929–1938, aksara Latin dipaké pikeun Basa Azerbaijan Kalér (sanajan nu dipaké basa keur éta béda jeung nu ayeuna), ti 1938 nepi ka 1991, aksara Kiril dipaké, sarta dina 1991, aksara Latin nu ayeuna dipikawanohkeun, sanajan prosés parobihanna katempo laun.
Panyatur Basa Azerbaijan Kidul di Iran tetep ngalajengkeun pamakéan aksara Pérso-Arab, sanajn éjahan jeung ortografina tacan distandarkeun.[rujukan?]
Remove ads
Conto
Angka
Remove ads
Tingali ogé
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads


