Buntil
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Buntil nyaéta kadaharan anu dijieuna tina pucuk gedang, pucuk sampeu, atawa pucuk taleus.[1] Jerona dieusian ku kalapa beunang marud anu dihijikeun jeung teri, lauk, atawa rebon.[1] Rasana gurih, loyog pisan dipaké deungeun sangu.[2] Buntil anu kasohon ku ngeunah rasana ti daérah Magelang jeung Yogyakarta.[3] Nyieuna buntil ogé kawilang gampang, anu rada hésé téh mangsa mungkus adonan pikeun eusina.[1][4]

Remove ads
Bahan-bahan
- Dua beungkeut pucuk gedang kurang leuwing 20-30 lambar, dua beungkeut pucuk daun sampeu kurang leuwih 50 lambar, satengah liter cipati anu kuled.[4]
- Bungbu kuah anu direndos kayaning : cabé kriting 5 siki, céngék 5 siki, bawang beureum 4, bawang bodas ogé 4 siki, konéng jeung jahé sabuku, séréh 2 tangkal, jeung muncang 5 siki.[4]
- Bahan pikeun eusi buntil, direndos ogé kayaning: cikur 2 buku, cabé kriting 5 siki, céngék 3 siki, bawang bodas 4 siki, tarasi beunang meuleum saséndok, daun jeruk purut 3 lambar, uyah 2 séndok, gula beureum 2 séndok, jeung cai asem 2 séndok.[4] h
- Bahan eusi buntil anu henteu diréndos, kayaning kalapa ngora beunang marud sahulu, dua canggeum atawa 100 gram siki peuteuy sélong atawa urang Jawa mah nyebutna malading, jeung 60 gr teri jeung ki.[4]
Remove ads
Cara nyieun
- Kulub daun sampeu atawa daun gedang anu geus diberesihan, di mana geus leumpeuh tuluy baé dijait tur di tuhurkeun.[5]
- Galokeun bungbu pikeun eusi buntil nepika rata (parud kalapa, teri, jeung daun jeruk).[5]
- Cokot daun gedang beunang nuhurkeun salabar, amparkeun, tuluy tundaan luhurna ku eusi buntil kurang leuwih dua séndok.[5]
- Tilep-tilep daun gedang anu geus dieusian bieu, nepika eusina buni henteu katembong.[5] Sangkan henteu leupas deui, tuluy baé dibeungkeut maké kantéh atawa tali rapia.[5]
- Saenggeus réngsé dibungkusan eusi buntil, tuluy waé buntil nu geus baruni tadi diseupan salila 30 menit.[5]
Sabot kitu, sayagikeun minyak goréngna: tuluy goréng bungbu anu tadi beunang ngaréndos, asupkeun ogé daun salam, sabada geus kaangseu seungit.[5] Asupkeun cipatina tuluy galokeun nepika ngagolak, satuluyna asupkeun buntil beunang nyeupan, leutikan seuneuna sangkan bungbuna nyerep, di mana cipatina geus kuled, kakara buntil téh dijait.[5]
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
