Gedang

From Wikipedia, the free encyclopedia

Gedang
Remove ads

Gedang ;Carica papaya L. (di wewengkon Pangandaran ilahar disebut gandul) nyaéta ngaran bungbuahan.[1] [2] Gedang téh tuwuhan nu asalna ti genus Carica, ti Meksiko bagéan kidul jeung Amerika bagéan kalér, kiwari mah geus sumebar disakabéh daérah tropis.[3] Pucukna didahar atah-atah jeung Jambu médé, dijieun lalab atawa dijieun buntil.[2] Buahna nu ngora kénéh diseupan atawa dijieun rujak.[4]. Daun gedang dipercaya bisa ngalancarkeun sékrési hamperu jeung nyageurkeun muring anu nahun. Cai kulubanana mun diinum bisa nyageurkeun ginjal. Sanajan rasana daun gedang téh pait, tapi urang Sunda réa anu mikalandep. Buahna anu asak diidangkeun minangka bungbuahan, atawa sok didagangkeun ku tukang buah.[2] Tuwuhan ieu miboga dahan nu saeutik pisan, jangkungna bisa tumuwuh 5m nepi ka 10m, daun gedang ngabogaan dahan nu saeutik. Bentuk buahna biasana buleud lonjong gedé.[3]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Thumb
Gedang
Thumb
Foto gedang dicokot ti handap
Remove ads

Ajén gizi gedang

Kandungan di buah gedang di antarana nyaéta folat, vitamin A, magnesium, tembaga, asam pantotenat, fiber3, vitamin B, alfa dan beta karoten, lutein, zeaxanthan, vitamin E, kalsium, kalium, vitamin K,sarta lycopene.[3]

Mangpaat buah gedang:

Gedang alus pikeun pencernaan.

Gedang hadé pikeun pencernaan ku sabab ngandung enzim papain nu ngabogaan pungsina ngalancarkeun saluran cerna, salian ti éta gedang ngandung serat nu luhur jeung miboga kadar cai nu luhur.[3]

Anti inflamasi

ku sabab gedang ngandung enzim anti inflamasi, ieu miboga mangpaat keur arthritis, osteoporosis, edama keur ngaleungitkeun rasa nyeuri, sarta bisa nyingkahan panyakit kanker.[4]

Alus keur tulang

Gedang miboga vitamin K nu alus keur tulang. Vitamin K miboga pungsi keur ngajaga kasehatan tulang ku cara ngaroba protein jadi matriks tulang, ningkatkeun nyerepna kalsium kana tulang, jeung ngurangan eksresi kalsium.[3]

Nguatkeun sistem imun

Senyawa beta karoten dina gedang ngabogaan mangpaat keur ningkatkeun sistem imun dina awak.[3]

Nyingkahan degenerasi makula

Senyawa eaxanthin antioksidan nu miboga mangpaat dina gedang bisa nyaring sinar cahaya biru nu bahaya, nu diperkirakeun miboga peran protektif keur kasehatan mata keur nyingkahan karusakan degenerasi.[3]

Remove ads

Rujukan

Tutumbu Kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads