Burseraceae

From Wikipedia, the free encyclopedia

Burseraceae
Remove ads

Burseracéae nyaéta kulawarga tutuwuhan tina ordo Sapindales nu mangrupa anggota kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1][2] Kulawarga ieu asli utamana ti Amerika tropis, ngan sababaraha spésiés aya di Afrika jeung Asia.[1] Anggota kulawarga ieu miboga daun nu pagenti sapanjang batang jeung diwangun ku loba salembaran, kembang tunggal atawa majemuk, jeung miboga buah nu dagingan.[2] Burseracéae diwangun ku antara 18 genus jeung 540 spésiés tutuwuhan kai nu kadang-kadang ngawangun batang pachycaul nu kaasup anggota nu ngahasilkeun résin seungit tina minyak kulitna (misalna menyan atawa mur).[3] Produk éta penting di zaman kuna pikeun dipaké dina dupa, minyak seungit jeung salaku pangaét.[3]

Fakta Singget Kulawarga menyan, Klasifikasi ilmiah ...
Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads