Coto Makassar
katuangan khas indonesia From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Coto Makassar; Coto Mangkasara nyaéta soto nu dijieun kalawan mibanda ciri anu mandiri ti kota Makassar.[1][2][3] Ciri mandirina taya lian, kuahna kuled tur kiruh, bahan dasarna tina daging jeung jeroan sapi tur didaharna dibarengan ku kupat.[1][4] Ieu daging jeung jeroan sapi saméméhna dikulub heula nepika hipu, kakara disiksikan laleutik sangkan gampang dihuapkeunana.[5] [6] Sarua jeung soto séjénna, coto Makassar ogé dikonsumsi mangsa kuahna masih kénéh haneut hareuyheuy.[1] Sanajan asalna ti kota Makassar, kiwari coto Makassar ogé geus loba dijual di saluareun kota Makassar.[1] Malahan mah geus jadi bagéan tina budaya kuliner Indonesia.[5][6]
Remove ads
Bahan-bahan anu dipake
Bahan-bahan pikeun nyieun coto Makassar kayaning:
- Jeroan daging sapi 500 gr
- Cai 1750 ml
- 300 gr ati sapi, kulub
- 300 gr peujit sapi, kulub
- 200 gr kalapa parud, sangray
- 4 séndok minyak pikeun ngagoreng
- 1 séndok asem Jawa
- 3 cm laja
- 3 tangkal séréh
- 3 Daun pandan salambar
- 3 séndok gula bodas
- 5 lambar daun jeruk
- 4 séndok uyah.[4]
Bungbu anu direndos:
- Bawang bodas 5 siki
- Bawang beureum 5 siki
- Pedes (merica) saséndok
- Katuncar saséndok
- Séréh. [4]
Remove ads
Cara nyieuna
- Kulub daging nepika hipu, tuhurkeun, tuluy siksikan sagedé-gedé tungtung curuk
- Goréng bungbu beunang ngarendos, tambahkeun daun pandan, daun jeruk, séréh, jeung laja, nepika kaangseu seungit
- Abruskeun peujit, ati, daging, cai asem, jeung sangray kalapa bari tuluy digalokeun
- kucurkeun cai kaldu, gula, jeung uyah, golakeun nepika nyerep bungbuna.[3][4]
Tutumbu kaluar
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads