Gamparan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Gamparan
Remove ads

Gamparan nyaéta tilam dampal suku supaya henteu kakotoran, kabaseuhan, atawa kacugak [1], wanguna kawas tarumpah/bakiak/kelom, dijieun tina kai [2]. salah sahiji bédana gamparan jeung anu séjén nyaéta henteu mibanda tali, jadi mangsana dipaké gamparan kudu dicapit lilinggana maké indung suku, lilingga téh babandul anu panjang ± 4 cm dijieuna tina kai aya di handapeun gamparan beulah kénca jeung katuhu [3]

Thumb
Gamparan anu aya di museum Brooklyn
Remove ads

Pedaran

Gamparan dijieun tina kai teuas sangkan henteu gampang beulah ogé awét dipakéna, kai anu ilahar dipaké saperti: kai jati, kai meranti paro, kai ngerawan, jeung sajabana. Dilingkungan pasantrén gamparan remen dipaké pikeun kacai mangsana wudu saméméh ngadegkeun solat.[4] Gamparan baheula loba pisan didagangkeun, biasana dijieun tina tangkal kai jati ku lantaran kitu gamparan téh baheula loba anu boga, méh aya di unggal imah, kiwari mah meuren kawas sendal capit.[1]

Remove ads

Harti séjén gamparan

Sesebutan ka jalma anu aya di hareupeun sarta dipihormat (ngébréhkeun rasa hormat)[5] kecap gamparan malahan leuwih leuwih hormat ti batan sampéan [1], kecap gamparan ogé dipaké pikeun nyebut ka saurang juragan anu beurat beunghar, sahenteuna pikeun, ngahormat, meuli haté, sasadu, jeung sajabana sangkan éta juragan léah manah ka rahayat leutik [6]

Remove ads

Tempo ogé

Dicutat tina

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads