Sendal capit

From Wikipedia, the free encyclopedia

Sendal capit
Remove ads

Sendal capit atawa sendal Jepang nyaéta sendal anu miboga warnna rupa-rupa bahana tina karét atawa karét sintetis.[1] Tali sendal bentukna jiga aksara "v" anu nyambungkeun bagian hareup jeung bagian tukang sendal.[1] Bagéan handap sendal umumna rata, sedengkeun bagéan luhur euweuh panutupna.[1] Sendal capit dipakéna dina poros bagéan hareupeun tali sendal di antara jempol jeung curuk, nepi ka teu leupas nalika dipaké.[1] Salain dipaké di jero rohangan atawa jamban, sendal capit dipaké di luar imah tapi lain acara resmi, jeung kagiatan nyantai saperti di pantai, kolam renang jrrd.[1] Sendal capit osok disebut ogé sendal swallow.[1] Ngaran swallow asalna tina mérek sendal capit.[1] Havaianas nyaéta mérek sendal capit eksklusif ti Brazil, anu mimiti dijieuna dina taun 1962 anu produksina mirip zori, tapi dijieuna tina karét.[1]

Thumb
Sendal capit
Remove ads

Sajarah

Mimitina ayana sendal capit téh di daérah Cina Utara.[2] Kapanggihna sendal capit tu kahaja alatan basa éta téh kaisar keur moro maung ka leuweung.[2] Sendal capit geus dipikawanoh ti jaman Mesir Kuno.[1] Di jaman kuno, urang India, Assyria, Romawi, Yunani, jeung Jepang osok maké sendal.[1] Sendal capit di Amérika Serikat disebut flip-flops, thongs, atawa beach sandal.[1] Sanggeus Perang Dunia II, prajurit Amérika Serikat balik ka AS mawa oléh-oléh sendal tina ban urut.[1]

Remove ads

Ngaran lokal

Thumb
Sendal capit basajan
Remove ads

Catetan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads