Guinéa Khatulistiwa

From Wikipedia, the free encyclopedia

Guinéa Khatulistiwamap
Remove ads

Guinéa Khatulistiwa atawa Guinéa Ékuator, resmina Républik Guinéa Khatulistiwa (basa Spanyol: República de Guinea Ecuatorial, dilapalkeun: [reˈpuβlika ðe ɣiˈne.a ekwatoˈɾjal]; Basa Prancis: République de Guinée équatoriale, dilapalkeun: [ʁepyblik də ɡine ekwatoʁjal], (Basa Portugis: República da Guiné Equatorial, dilapalkeun: [ʁeˈpublikɐ dɐ ɡiˈnɛ ekwatoˈɾjaɫ]); mangrupa hiji nagara nu aya di Afrika Tengah. Nagara ieu ngawengku dua bagian: hiji Wewengkon Buana (Río Muni), kaasup sababaraha pulo leutik saperti Corisco, Elobey Grande, jeung Elobey Chico; sarta hiji wewengkon insulér nu boga eusi pulo Annobón jeung pulo Bioko (baheulana Fernando Po) di mana ayana ibu kota Malabo.

Fakta Singget República de Guinea EcuatorialRépublique de Guinée équatoriale República da Guiné EquatorialRépublik Guinéa Khatulistiwa, Kota panggedéna ...

Annobón mangrupa pulo nu pangkidulna di Guinéa Khatulistiwa jeung aya di kiduleun khatulistiwa. Pulo Bioko mangrpakeun lokasi pangkalérna di Guinéa Khatulistiwa. Antara dua pulo éta jeung ka kalérna aya wewengkon daratan utama, nu tepung wates jeung Kamerun ka kalér, Gabon di kidul jeung wétan, sarta Telul Guinéa di kulon, di mana nagara São Tomé jeung Príncipe aya antara Bioko jeung Annobón.

Pamanggihan minyak bumi di sababaraha taun ieu ngalihkeun status ékonomi jeung pulitik nagara. GDP per kapitana aya dina réngking ka-28 sadunya.[5]

Remove ads

Babagian administratif

Artikel utama: Propinsi di Guinéa Khatulistiwa

Guinéa Khatulistiwa dibagi kana 7 propinsi (ibu kotana aya di jero kurung):

  1. Propinsi Annobón (San Antonio de Palé)
  2. Propinsi Bioko Norte (Malabo)
  3. Propinsi Bioko Sur (Luba)
  4. Propinsi Centro Sur (Evinayong)
  5. Propinsi Kié-Ntem (Ebebiyín)
  6. Litoral (Bata)
  7. Propinsi Wele-Nzas (Mongomo)

Propinsi-propinsina saterasna dibagi kana distrik-distrik.

Tempo ogé

  • Teluk Bonny ogé kawanoh salaku Teluk Biafra
  • Teluk Guinéa
  • Telekomunikasi di Guinéa Khatulistiwa
  • Hubungan luar nagri Guinéa Khatulistiwa
  • Militér Guinéa Khatulistiwa
  • Usaha kudéta Guinéa Khatulistiwa 2004
  • Daptar kota di Guinéa Khatulistiwa

Catetan jeung réferénsi

Buku

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads