Kuala Lumpur
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kuala Lumpur (/ˈkwɑːləˈlʊmpʊər/ atawa /-pər/; pronunsiasi basa Malaysia: [ˈkwalə ˈlumpʊr])[5] nyaéta ibukota nasional tur mangrupa dayeuh panggegekna di Malaysia.[6] Ieu dayeuh legana 243 km2 (94 sq mi) kalayan angkanan populasi 1.6 juta jiwa dina taun 2010.[6] Kuala Lumpur Raya, nu ngawengku wewengkon nu sarua jeung Léngkob Klang, mangrupa hiji jumplukan 7.5 juta urang pangeusi dina taun 2012.[7] Ieu téh mangrupa wewengkon métropolitan pangkencengna di Asia Kidul Wétan, nu patali jeung populasi katut ékonomi.
Kuala Lumpur mangrupa panyicingan Paremén Malaysia. Ieu dayeuh kungsi sakali jadi panyicingan cabang éksekutif katut pangadilan pamaréntahan féderal, tapi tuluy pindah ka Putrajaya dina awal taun 1999.[8] Sababaraha bagian pangadilan nyésa kénéh di ibukota Kuala Lumpur. Panyicingan resmi Raja Malaysia, Istana Negara, ogé perenahna di Kuala Lumpur. Dipeunteun minangka dayeuh dunya alpha, Kuala Lumpur mangrupa puseur budaya, kaduitan katut ékonomi Malaysia alatan posisina minangka ibu kota katut kota utama. Kuala Lumpur meunang réngking ka-48 di antara kota global dumasar kana Indéks Kota Global[9] nu diayakeun ku Foreign Policy taun 2010 sarta réngking ka-67 di antara kota global keur inovasi ékonomi katut sosial dumasar kana Indéks Kota Inovasi nu diayakeun ku 2thinknow Archived 2015-07-06 di Wayback Machine taun 2010.[10]
Kuala Lumpur kawangen ku wates Wewengkon Féderal Kuala Lumpur tur mangrupa salah sahiji tina tilu Wewengkon Féderal Malaysia.[11] Mangrupa daérah kantong di jero nagara bagian Selangor, di basisir kulon tengah Jojontor Malaysia.[12]
Ti taun 1990-an, ieu kota geus jadi tuan rumah kajadian olahraga, pulitik katut budaya mancanagara kaasup Commonwéalth Game 1998 katut Grand Prix Formula One. Kuala Lumpur ogé jadi tempat wangunan kembar pangluhurna di dunya PMunara Kembar Pétronas, nu jadi simbul kamekaran Malaysia keur pika hareupeunana.
Remove ads
Hubungan mancanagara

Kota dulur
Kuala Lumpur kiwari boga sawelas kota dulur:
Chennai, India.[13] Delhi, India.[14] Isfahan, Iran.[15][16] |
Mashhad, Iran.[17] Shiraz, Iran.[18] Osaka, Jepang.[16][19] |
Malacca City, Malaysia.[16] Casablanca, Morocco.[16]
|
Ankara, Turkey.[16][21][22] |
Remove ads
Tempo ogé
- Kuala Lumpur Raya
- Putrajaya
- Cyberjaya
Rujukan
Tumbu luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads