Kuta
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kuta nyaéta pager luhur atawa tembok; wates anu wanguna bénténg ngurilingan imah, karaton, daérah, atawa hiji kota.[1][2][3][4] Kuta mibanda kagunaan pikeun ngajaga imah atawa wangunan anu aya di jeroeunna tina sagala gangguan anu datang ti luar, ogé pikeun wates hiji tempat sangkan henteu pacorok tur diandih ku batur.[5]
- Pikeun kagunaan séjén, tempo Kuta (disambiguasi).

Kuta
Kuta ilahar dijieun tina témbok, bata beureum, batu alam, batu susukan, aya ogé anu dikombinasikeun jeung beusi, kai, atawa tatangkalan.[5] Kuta sok dijieun paribasa pikeun jalma jegud, beurat beunghar jeung luhur martabatna: luhur kuta gedé dunya.[4] Imah-imah urang Éropa anu jaregud lolobanana diwatesan kuta anu jangkung, mangsa asup ka imah kudu ngaliwatan heula panto kuta anu disebut régol.[6] Baheula kuta diwangun ngurilingan hiji kacamatan, kandelna kurang leuwih 4 méter ari jangkungna aya kana 3 nepi ka 3,5 méter.[6] Unggal juru aya tampat pikeun nalingakeun kaayaan di saluareun kuta, kuta saluareun aya kamalir anu disebut "jagang".[6]
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

