Nagasari
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Nagasari nyaéta salah sahiji katuangan nu dijieun tina tipung béas, tipung tarigu, santen, gula, jeung cau keur eusina. [1] Cau anu dipaké téh biasana cau raja. [1] Ieu kadaharan dibungkus ku daun cau tuluy diseupan. Lian ti éta, nagasari ogé mindeng dibungkus ku daun pandan sangkan meleberna has jeung ngahudang rasa nu ngadaharna. Nagasari pituin ti Kota Jepara. Lamun di Makassar ieu kadaharan disebutna roko unti.
Remove ads
Wanda
- Nagasari bodas, teu maké warna kalawan ukur ngandelkeun bodas tina santen
- Nagasari beureum, dijieun kalawan campuran gula beureum keur nambahan warna.
- Nagasari biru, dijieun maké campuran kembang telang (Clitoria ternatea) keur nambahan warna.
- Nagasari héjo, dijieun tina campuran daun suji (Pleomele angustifolia syn. Dracaena angustifolia) keur nambahan warna.
Waktu
Nagasari bakal leuwih nikmat lamun didaharna keur haneut kénéh kalayan bari nyuruput cikopi. [1] Ieu kadaharan bakal haseumdina waktu sapoé nepi ka dua poé. [1] Ciri-ciri nagasari geus teu bisa didahar téh biasana gaaleun (teuas) jeung lamun dicabak bakal karasa leueur jeung moal énak rasana ogé. [1]
Pranalar Luar
- Resep Nagasari Archived 2017-04-23 di Wayback Machine
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads