Papais

yaéta kadaharan has nu asalna ti Indramayu, Jawa Kulon From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Papais atawa nu ilahar dipiwanoh Nagasari nyaéta kadaharan has nu asalna ti Indramayu, Jawa Kulon.[1][2] Kadaharan ieu dijieunna tina tipung béas.[1] Papais aya nu asin jeung aya ogé nu semu amis.[2] Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais semu amis mah biasana eusina cau, biasana mah cau nangka atawa cau séjénna gé sok dipaké.[2] Tuluy ditapélan daun pandan saeutik ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna.[1] Papais amis jiga kieu, sering disebut ogé nagasari.[2]

Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raraméan, kayaning hajat ngawinkeun, Nyunatan, Tahlilan, Muludan, Rajaban, jeung sajabana.[1] Tapi sok aya ogé anu jualan kadaharan ieu dipasar, umumna mah nu sok masih kénéh nyieun papais téh ayana di pilemburan.[1]

Remove ads

Sajarah

Papais mangrupa kadaharan has ti Indramayu, Jawa Kulon.[1] Mimiti ayana, cenah ma ku sabab Indramayu téh mangrupa daérah nu ngahasilkeun béas panglobana di Jawa Kulon.[1] ku sabab loba béas, masarakat popolah supaya béas lain ngan saukur pikeun dijieun sangu tapi ogé jadi kadaharan séjénna, ku kituna, béas ditutu jadi tipung nu mana jadi bahan utama pikeun nyieun papais, tuluy digalokeun jeung cipati sarta dibungkus maké daun cau tuluy diseupan.[1]

Remove ads

Tinggali ogé

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads