Parako
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Parako nyaéta tempat paranti neundeun hawu anu dijieun tina taneuh. [1] Sakurilingna diwatesan ku awi atawa kai beunang meulah, hawu diparakoan téh sangkan seuneu jeung ruhak henteu ngalentab kana palupuh ogé lebuna henteu awur awuran kaluar, parako ilaharna parako ayana dina imah panggung. [2] [3] [1][4]

Remove ads
Pedaran
Tempat parako
Parako diperenahkeun di pawon sajajar jeung palupuh, sakapeung aya ogé parako anu diteundeun leuwih handap batan palupuh atawa langsung di luhureun taneuh pawon disebut parako ngupuk [5], geus jadi kabiasaan luhureun hawu jeung parako aya anu disebut para seuneu nyaéta paranti neundeun hasil tatanén kayaning, boléd, jagong, gaplék, suluh, jeung sajabana sangkan kahaneutan ogé nyingkahan gangguan beurit jeung ucing [6].
Kagunaan
Sagigireun tempat neundeun hawu parako téh paragi neundeun songsong[7] paranti mirun seuneu, siduru,[8] tempat ngaguarkeun lebu tijero hawu di mana geus rada pinuh sangkan suluh anu diasurkeun ka jero hawu bisa hurung kalawan hadé[9], lebu jeung ruhak anu diguarkeu tijero kana parako bisa dimangpaatkeun pikeun ngabubuy hui, sampeu, cau atawa ruhakna dipaké meuleum tarasi, lauk asin, lauk, jeung sajabana.[10]
Remove ads
Dicutat tina
Tutumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
