Parang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Parang nyaéta pakakas tatanén gunana pikeun nyacar jukut anu aya dina galengan [1], dipaké ogé pikeun ngababad tatangkalan anu ngarungkun saméméh ngolah hiji tempat anu loba reuma sangkan taneuhna bérésih tur gampang diolah jadi kebon atawa huma [2], parang dijieun tina beusi atawa waja sangkan leuwih kuat parang ilaharna mangrupa hasil jieunan ti gosali[3].
Pedaran
Ilaharna parang leuwih panjang ti batan bedog, gedéna kurang leuwih lima ramo tungtungna aya anu mencos tapi aya ogé anu rata, perahna henteu pati ngeluk kawas bedog,parang sagigireun pakakas tatanén, ogé mangrupa pakarang tradisional urang Indonesia hususna urang Sunda, disababaraha daérah parang mibanda ngaran sewang-sewangan, upamana ; urang dayak di Kalimantan nyebutna Mandau; Latok; Pandat , di Sumatra disebutna klewang [4], urang Banjarmasin nyebutna parang nabur.
- Parang urang Dayak disebut latok
- Parang nabur urang Banjarmasin
- Koléwang
- Parang paranti meulah kadu
Remove ads
Tutumbu kaluar
- Parang paranti nyacar rungkun Archived 2017-05-06 di Wayback Machine
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads