Saung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Saung (shed) nyaéta hiji wangunan leutik kawas imah ngan henteu weweg; gardu; ranggon.[1] Saung ilahar katempo di sawah atawa kebon, dimangpaatkeun pikeun ngaso, nungguan sawah, kebon, ingon-ingon, nunda pakakas, gemuk, jeung sajabana. Saung ogé nunjul kana wangunan pikeun ngiuhan ipukan atawa pabinihan sangkan henteu kabentrang teuing ku panon poé.[1] Ilaharna dijieun tina bahan kai jeung awi, hateupna maké jarami atawa daun eurih.[1]

Kiwari saung loba ogé dijieun pikeun rupa-rupa kabutuhan, saperti saung anu ngahaja dijieun pikeun nendeun runtah anu baris dijieun kompos.[2] Aya deui saung tradisional anu ngahaja dijieun di kota pikeun tempat usaha kuliner, sangkan béda tinulian ogé katempo asri kawas di kampung atawa di lembur.[3].Aya saung pikeun ngukut atawa miara bangkong [4]
Nincak umur paré geus culcel bijil buahna, di saung ogé mimiti haneuteun nu ngadon tunggu sawah ngagebahan hama manuk piit jeung sajabana.[5] Nu tunggu di saung ilaharna ibu-ibu jeung barudak, ku sabab salakina mah ngadon garawé di kebon atawa nyiar suluh.[5] Tunggu paré disaung téh ilaharna ti mimiti wanci pecat sawed nepika lingsir ngulon, mangsa geus surup panon poé kakara ninggalkeun saung baralik ka imahna séwang-séwangan.[5]
Saung henteu ngan aya di urang wungkul, di luar negri ogé aya saperti di Australia jeung New Zealand ogé aya.[6] Malahan mah aya majalahna judulna "The Shed" jeung buku anu judulna "Men and Sheds".[7] Dua-duana dikokolakeun ku hiji paguyuban (Australian Men's Shed Association) anu eusina rupa-rupa iber pikeun saha waé anu mikaresep ngeunaan saung.[8]
- Saung urang Bali
- Saung urang Inggris
- Saung paranti neundeun suluh
- Saung paragi ngaso tur jajan
- Saung sawah di Bali
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
