Sirsak

From Wikipedia, the free encyclopedia

Sirsak
Remove ads

Sirsak nyaéta salah sahiji buah anu asalna ti Karibia, Amerika Tengah jeung Amerika Kidul. Ngaran sirsak asalna tina basa Walanda: zuurzak anu hartina kantong haseum. Sirsak nelah ogé ku sebutan nangka walanda. Sirsak didatangkeun ku pamaréntah Hindia-Walanda ka Nusantara, nyaéta dina abad ka-19, sanajan asalna lain ti Eropa.[2]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...

Sirsak nu dipelak pikeun tujuan komérsial biasana nu dimangpaatkeunana téh nyaéta buahna. Jangkung tangkal sirsak bisa ngahontal kana 9 méter. Buah sirsak remen digunakeun pikeun bahan jus jeung és krim. Dina buah sirsak loba gizi anu mangpaat pikeun awak kayaning karbohidrat, (utamana fruktosa), vitamin C, vitamin B1 jeung vitamin B2. Dina siki sirsak aya racun anu bisa digunakeun minangka inséktisida alami.[3]

Remove ads

Déskripsi

Tangkal
Wangun tangkal sirsak mah leutik, nanjeur, bisa tumuwuh paling pendék 4 méter.[4][5]
Dahan jeung daun
Dahan-dahan anu ngarora mah baruluan.[5]
Bentuk daunna aya nu lonjong aya ogé anu buleud, panjang jaunna antara 8 cm nika 16 cm jeung lébarna 3 cm nika 7 cm. Warna daunna héjo kolot ngagenclang limit.[5]
Panjang palapah daunna kira-kira 4 miliméter nika 13 miliméter tur euweuh buluan.[5]
Thumb
Sirsak
Kembang
Panjang palapah kembangna mah + 2 miliméter nika 5 miliméter. Bijilna kembang téh pajiin-jiin jeung daun atawa ogé jadi tambahan tina deukeut palapah daun, masing-masing régang umumna tumuwuh hiji atawa dua kembang, kadang-kadang mah tilu.[5]
Palapah kembang nu mandiri (régang) tur kuat, umumna buluan jeung panjangna gé antara 15 miliméter nika 20 milimeter jeung aya gelang leutik geukeut dadasarna anu padét tur buluan téh.[5]
Buah jeung réproduksi
Warna buahna héjo kolot, cucukan (atawa buluan) wangunna lonjong jeung panjangna bisa nika 30 cm,[5] rasana angot[6] buahna caian, haseum, warna dagingna kabodas-bodasan[6] sarta seungit kaambeuna.[5]
Sikina réa[6] beurat rata-rata tina 1.000 bibit sikina téh + 470 gram tur ngandung minyak + 24%.[7] Nalika digaringkeun salila 3 poé dina suhu 60°C + beuratna téh jadi 322 gram sarta toléran tina ékstraksi kalembapan; éta téh nandakeun yén moal masalah mun diengkeun dina jangka lila dina kondisi nu wajar.[8]
Remove ads

Taksonomi

Sinonim

  • Annona macrocarpa Wercklé
  • Annona bonplandiana H.B.K.
  • Annona cearensis Barb.Rodr.
  • Guanabanus muricatus (L.) M.Gómez[9]
  • Annona sericea Dunal dina CorreiaM.P., (1984)[10][11]

Ngaran Vernakular

Di unggal wewengkon buah sirsak miboga ngaran vernakular (ngaran lokal) anu béda-béda. di antarana nyaéta[12]:

Informasi leuwih jero Wewengkon, Ngaran Lokal ...

Mangpaat Buah Sirsak

Ti baheula, buah sirsak geus dimangpaatkeun minangka ubar hérbal anu mangpaatna téh ngubaran mangrupa-rupa panyakit, buah jeung daunna geus kacicda kasohor hasiatna. Bagéan sirsak anu minangpaat pikeun ubar kanker nyaéta dahan, daun, ogé buahna. Sirsak téh geus ditalungtik yén bisa ngubaran kanker usus gedé (kolon), kanker paru-paru, kanker pankréas, kanker prostat, ogé kanker pinareup.

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads