Stasion Cikini

From Wikipedia, the free encyclopedia

Stasion Cikinimap
Remove ads

Stasion Cikini (CKI) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮎᮤᮊᮤᮔᮤ) mangrupa stasion karéta api kelas II anu perenahna di Jalan Cikini Raya, Cikini, Ménténg, Jakarta Pusat. Stasion anu perenahna dina kaluhuran +20 m ieu kaasup Daérah Operasi I Jakarta jeung ngalayanan rute KRL Commuter Line.

Fakta Singget Lokasi, Luhur ...

Hingga ahir 80-an, ka arah kidul stasion ieu, saacan Stasion Manggarai aya halteu karéta api, nyaéta halteu Pegangsaaan anu perenahna pas di beulah kalér Jalan Diponegoro. Halteu ieu dibongkar ti panungtungan dékade 1980-an, sanajan diwangun rél KA layang antara Manggarai jeung Jakarta Kota. Ti halteu ieu, aya parcabangan ka Stasion Salémba.

Di sisi kidul stasion ieu pas dijieun pacabangan ka jalur luhur Stasion Manggarai, kalawan bagian ti proyék rénovasi Stasion Manggarai.

Ti tanggal 1 Agustus 2019, stasiun ieu, jeung Stasion Sudirman, Palmerah, UI, jeung Taman Kota, résmi ngahapus panjualan kartu single trip (Tiket Harian Berjaminan/THB) keur KRL Commuter Line. Hal ieu sabab mayoritas panumpang KRL Commuter Line geus biasa maké kartu multi trip atawa diut éléktronik. Ku cara kitu, antréan panjang tikét KRL bisa dipangkas. Ngan, pamaké jasa tetep bisa tap-in/tap-out maké THB di stasion ieu.[3][4]

Remove ads

Layanan karéta api

KRL Commuter Line

Antarmoda pangrojong

Informasi leuwih jero Jinis angkutan umum, Trayék ...

Insidén

Dina tanggal 31 Agustus 2009 jam 8.00, hiji lalaki kasetrum kabel listrik pas naék di luhur gérbong KRL 513 ti Bogor. Ku sabab insidén éta, listrik antara Manggarai-Gambir kudu dipareuman pkeun ngévakuasi korban. Kajadian ieu nyebabkeun sabaraha lalampahan KRL kaganggu.[6]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads