Tiwu
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Tiwu sabangsa manjah sagedé kaso.[1] Tiwu anu bahasa Inggrisna sugar cane nyaéta tutuwuhan anu dipelakna pikeun bahan baku gula jeung vetsin.[2] Tiwu kaasup tutuwuhan anu rumput-rumputan (Graminae).[2] Tiwu miboga ukuran anu lumayan rada gedé, jangkungna sakitar 2 nepi ka 4 méter.[2]
Remove ads
Mangpaat Tiwu
Salain pikeun bahan dasar gula bodas tiwu ogé miboga mangpaat séjéna saperti pikeun ubar tradisional.[3] Anu dipaké pikeun ubar biasana akar jeung watangna anu amis.[3] Tiwu nu dipaké ubar ilaharna tiwu hideung.[3] Tiwu bisa jadi ubar pikeun panyakit jantung, carana keueum tilu akar tiwu hideung.[3] Akar tiwu dikumbah tuluy dikulub ku dua gelas cai nepi ka ngagolak jeung nepi ka jadi sagelaseun.[3] Cai ieu di inum dua kali sapoé.[3] Sedengkeun pikeun ubar panas, siapkeun watang tiwu hideung sacukupna.[3] Tuluy diperes nepi ka arah caina.[3] Cai tiwu téh diinumkeun ka nu gering panas.[3] Salain ti éta tiwu ogé bisa jadi ubar pikeun batuk, carana siapkeun 3-5 buku tiwu hideung, tuluy dibeuleum éta tiwu téh sanggeus kitu diperes nepi ka ngaluarkeun cai, tuluy inumkeun éta caina.[3]
Remove ads
Kandungan Kimia
Watang tiwu miboga kandungan cai gula anu kadarna nepi ka 20%.[2]
- Tangkal tiwu
- Perkebunan tiwu
- kembang tiwu
- Tiwu beureum
catetan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
