Topi

From Wikipedia, the free encyclopedia

Topi
Remove ads

Topi nyaéta dudukuy modél luar negri.[1] Topi asalna ti Chitral jeung Gilgit daérah anu ayeuna ayana di Pakistan beulah kulon.[2] Topi jadi popularitas di antara sélér-sélér Pashtun beulah kulon di mimiri abad ka-20, topi téh jadi gagantina sorban.[2] Salain ti éta topi ogé jadi popularitas di antara Nuristan jeung Tajik ti Panjeher jeung Badakhshan.[2]

Thumb
Topi

Sajarah topi

Topi nyaéta tutup sirah anu dipaké pikeun sababaraha alesan, saperti pikeun upacara atawa agama, pikeun kasalametan, jeung pikeun aksésori fashion.[3] Jaman baheula mah topi téh jadi indikator status sosial, sedengkeun dina militér némbongkeun kabangsaan, cabang pelayanan, pangkat jeung resimen.[3] Salah sahiji mimiti aya topi dina lukisan makam Thebes anu némbongkeun hiji lalaki anu keur maké topi jarami.[3] Hal nu séjéna nyaéta Pileus, topi tangkorak anu basajan, disebut tutup Frigia, mimitina dipaké ku budak anu dibébaskeun di Yunani, Roma, jeung Pestasos Yunani.[3] Abad ka-16 awéwé geus maraké topi anu disebut topi awéwé, istilah éta asalna ti kota Milan Italia, di mana kualitasna alus anu dijieuna dina abad 18.[3] Topi awéwé sacara tradisional miboga rénda, hiasan jeung asésoris anu disaluyukeun jeung baju anu dipaké.[3] Abad 19, awéwé maké topi anu bentukna leuwih gedé, dihiasan ku pita, kembang, bulu jeung trim kasa.[3] Dina patengahan taun 1920, nalika awéwé nekteuk buukna jadi pendék, loba anu maraké topi anu bentukna demprak saperti hélem.[3]

Remove ads

Bagian dina topi

  1. Crown, topi anu nutupan bagian luhur sirah.[3]
  2. Peak (Inggris), visor (Amerika Inggris), proyeksi kaku di bagian hareup, pikeun nutupan panon tina sinar panon paé jeung hujan.[3]
  3. Brim, proyeksi opsional bahan kaku tina bagian handap mahkota topi horizontal di sakuriling topi.[3]
  4. Puggaree atawa pita disakurilingna.[3]
  5. pita nu nahan késang, strip dari ktina kulit anu némpél dina pas buleudna bagan jero topi pikeun nyaring kokotor jeung késang.[3]
  6. Lining, aya sababaraha lapisan sutra.[3]
Remove ads

Jinis-jinis Topi

Informasi leuwih jero Gambar, Ngaran ...

catetan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads