Warung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Warung nyaéta usaha leutik milik kulawarga anu wangunn mangrupa kios/ toko leutik atawa réstoran basajan.[1] Warung téh bagian penting dina kahirupan sapopoé.[1] Istilah warung aya ogé di Malaysia.[1]

Barang anu dijual di warung
Rupa-rupa warung, umumna wangunna toko leutik saperti roda anu maké suhunan, ngajual inuman, és bon-bon, roko, kurupuk jeung rupaning kaperluan sapopoé.[2] Warung anu ngajual dahareun umumna ngajual rupaning goréngan, kopi.[2] Lian ti ngajual dahareun has Indonésia, warung-warung ogé ngajual dahareun has Asia, dahareun saperti sangu goréng, emih goréng. Warung anu ngajual dahareun ti nagara-nagara kulon ogé aya, saperti ngajual roti, panekuk, sop, beuleum lauk, stéak, pizza, jeung réa-réa dei. Istilah "warung" ogé nunjul kana kedai.[2]
Rupa-rupa warung:
- Warung nasi, warung nu ngajual sangu jeung deungeunna samodél restoran leutik.
- Warung kopi, warung nu ngajual kopi jeungkuéh-kuéh saperti goréngan, pisang goréng, atawa buah- buah seger.
- Warung roko, warung anu ngajual roko, permén, minuman ringan, kurupuk jeung dahareun séjénna, sarta kabutuhan sapopoe.
- Warung Tegal, warung nasi has Tegal
- Warung Internet, warung anu nyéwakeun komputer sangkan nyambung kana internet
- Warung télékomunikasi, warung anu nyéwakeun sambungan telepon
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
