Cangkorah

From Wikipedia, the free encyclopedia

Cangkorah
Remove ads

Cangkorah nyaéta wadah cai paranti nyipuh atawa nyéos beusi beunang meuleum sangkan leuwih teuas jeung seukeut, awét dipakéna henteu gampang mintul atawa miley, wangunna kawas lisung aya ogé anu buleud kawas émbér.[1] Cangkorah salah sahiji pakakas utama di gosali sagigireun ububan (paranti muputan/niup keun angin), parapén (hawu anu pinuh ku areng panas), palu, capit, paron/panahan/(Anvil), jeung sajabana.[1]

Thumb
Cangkorah wanguna kawas lisung
Remove ads

Pedaran

Cangkorah jeung gosali geus dipiwanoh dina mangsa anu kacida heubeulna tisaméméh abad ka-9 mibanda tempat anu penting pikeun nyieun pakakas jeung parabot anu dipikabutuh sapopoé saperti : Pager, péso, pakarang, pakakas tatanén umpamana: arit, parang, pacul, koréd, jeung loba deui pakakas atawa parabot anu dijieun atawa anu dihasilkeun tina bahan beusi .[2]

Remove ads

Tempo ogé

  1. Piruruhan
  2. Ububan
  3. Paron
  4. Capit

Dicutat tina

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads