Piruruhan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Piruruhan nyaéta tempat anu aya digosali dipaké pikeun meuleum beusi maké ruhak areng sangkan leuwih hipu mangsa diolah atawa diteukteuk. Beusi diasupkeun kana piruruhan anu geus dieusi ruhak areng anu ngagebur, areng hurung kalawan mayeng alatan ditiupan ku angin anu kaluar tina ububan/pamuput; lambusan; kiwari bisa waé maké blower listrik pikeun sumber anginna.[1][2]

Remove ads
Pedaran
Piruruhan jeung gosali henteu bisa dipisahkeun anu mangrupa hiji identitas. Sahenteuna geus dipiwanoh dina mangsa anu kacida heubeulna, tisaméméh abad ka-9 gosali mibanda tempat anu penting pikeun nyieun pakakas jeung parabot anu dipikabutuh sapopoé saperti : Pager, péso, pakarang, pakakas tatanén upamana: arit, parang, pacul, koréd, jeung loba deui pakakas atawa parabot anu dijieun atawa anu dihasilkeun tina bahan beusi .[3] Potongan beusi meunang meuleum dina piruruhan nepikeun ka beureum tuluy dicapit dibawa kaluhureun paron anu satuluyna di peupeuh maké palu sangkan ngawangun barang anudipikabutuh.[4]
Remove ads
Tempo ogé
Tutumbu kaluar
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
