Fluor

From Wikipedia, the free encyclopedia

Fluor
Remove ads

Fluor nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga simbul F jeung nomor atom 9.[12] Fluor mangrupa gas halogén racunan univalen, warnana konéng-héjo pias, jeung mangrupa unsur pangréaktifna sarta miboga éléktronégativitas pangluhurna.[13] Fluor gampang ngawangun sanyawa jeung ampir sakabéh unsur séjénna, malah mah jeung gas mulya ogé siga kripton, xénon, sarta radon.[13] Saking réaktifna, kaca, logam, cai, jeung zat lianna ogé bakal kabeuleum sarta hurung caang dina diréaksikeun jeung gas fluor.[13] Dina larutan, fluor biasana kajadian minangka ion fluorida F-.[13] Fluorida mangrupa sanyawa anu kajadian antara fluorida jeung unsur lian nu muatanna positif.[13] Produksi fluor taunan dunya kurang leuwih 4 yuta ton.[13] Panghasil fluorit utama dunya di antarana nyaéta Tiongkok, Méksiko jeung Éropah Kulon.[13] Fluor kajadian sacara alami di kerak marcapada jeung bisa kapanggih dina batuan, batu bara, jeung taneuh liat.[13] Fluor mangrupa unsur ka-13 pang-ngaleuyana di kerak marcapada ku konséntrasi 950 ppm.[13] Taneuh ngandung kira-kira 330 ppm fluor.[13] Sedengkeun taneuh anu kakontaminasi bisa ngandung fluor nepi ka 3500 ppm.[13] Fluorida hidrogen biasa dileupaskeun ka udara liwat prosés pameuleuman dina industri.[13] Fluorida anu aya di udara dina antukna mah bakal turun kana taneuh atawa kana cai.[13]

Fakta Singget Sifat umum, Ngaran, simbol ...
Thumb
Fluor cair
Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads