Teki
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Teki nyaéta jukut (Cyperaceae) asalna ti wewengkon Afrika kidul jeung tengah, Eropa (kalér nepi ka Perancis jeung Austria), ogé Asia kidul. Teki kagolong jukut liar anu gampil pisan ngarekahan, akarna panjang bisa nyeceb kana jero taneuh nepika saméter, ku lantaran éta pikeun patani jukut teki mangrupa gulma anu hésé dibasmi .[1] Teki dina basa Latin disebut Cyperus rotundus kecap Cyperus tina basa Yunani κύπερος, kyperos, jeung kecap rotundus nyaéta tina basa Latin, hartina " puteran".
Remove ads
Ciri mandiri
Teki bisa hirup kalawan subur di tempat anu cukup cahaya panonpoé jeung taneuh anu henteu pati garing, gancang ngarekahan jeung hésé dibasmina, akar barijil tina puhu tangkal nyebar ka gigir jeung ka handap (radix adventica), ieu akar bakal ngabeuti lamun umurna geus cukup déwasa.
Tangkalna kagolong hipu, wujudna pasagi tilu panjang 10–20 cm, puhu tangkalna bakal jadi beuti kurang leuwih sagedé kacang suuk tuluy kaluar akar jeung sirung nga jadi tangkal teki anyar.
Daun teki méncos laleutik lebar kurang leuwih dua mili, guguratan, kelir luhurna héjo kolot sedengkeun bagian handapna héjo ngora.[2]
Kembang ngaranggeuy bijil tina tungtung tangkal, dina satangkal aya dua nepi ka opat ranggeuy.
Buahna mangrupa siki laleutik pisan, gepéng, dilimpudan ku cangkang (huut) warna coklat. di mana geus kolot sikina bakal marurag sorangan.[3]
Remove ads
Mangpaat


Teki mangrupa ubar mujarab pikeun ngajaga kaséhatan utamana pikeun ngubaran nyeri dada, nyeri huntu, nyeri beuteung, nyeri dina mangsa datang bulan, ubar sariawan jeung bisa nyuburkeun kandungan, ogé beuti tangkal teki bisa ngabantu ngaronjatkeun ingetan.[4][5]
Bangsa Arab baheula ngabebek beuti akar teki saméméhna meunang ngabubuy pikeun ngubaran raheut, bisul, bareuh jeung sajabana kitu ogé tabib urang Barat jeung Islam kasup Dioscorides , Galen , Serapion , Paulus Aegineta , Avicenna , Rhazes , jeung Charles Alstongeus mertélakeun mangpaat beuti jukut teki pikeun ubar nyeri beuteung , emmenagogue , deobstruent .[6][7][2]
Tayalian sipatna anu nolak kana baktéri, beuti jukut teki geus dimangpaatkeun bangsa Sudan malahan 2000 taun geus kaliwat pikeun ngajaga kasehatan huntu ngarah henteu koropok.[8][9]
Remove ads
Dicutat tina
Tutumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
