Awi krisik

From Wikipedia, the free encyclopedia

Awi krisik
Remove ads

Awi kirisik (Bambusa multiplex)[6] nyaéta tangkal awi anu ngahaja dipelak ku lantaran mibanda loba kagunaan, utamana pikeun pager hirup di buruan anu perenahna nyanghareup ka jalan.[7] awi karisik disebut ogé awi ganani ; awi cina [8] ; awi pager [9] atawa buluh pagar.[6] Awi kirisik di daérah Jawa disebutna pring gĕndani, pring cĕndani (basa Jawa).[8] Dina basa Inggris disebutna hedge bamboo[1][6] kalawan mibanda rupa-rupa variasi, atawa numutkeun kultivarna; disebut ogé Chinese dwarf bamboo.[6]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Pedaran

Awi kirisik tangkalna ngarungkun tur kékép ; rimpangna nyagak simpodial.[9]Iwungna héjo, lokos; tangkal anu masih kénéh ngora semu bodas kawas disimbutan ku bubuk lilin.[9] Tangkalna ajeg pucukna ngarumpuyuk, jangkungna bisa nepi ka 8 m, tungtung tangkal ka pucukna melengkung; régangna bijil tina buku-buku tangkal anu masih kénéh deukeut tina taneuh.[9] Dina satangkal régang anu bijil ukuranna méh sarua, panjang lk. 7-9, panjang buku-bukuna 30-50 cm sedengkeun garis tengahna (0,3–)1,5–2,5 cm.[9] Tangkal awi kirisik kawilang ipis tapi pejel 5 mm (var. riviereorum); héjo hérang, kalwan mibanda bulu-bulu anu heuras kelirna coklat nepi ka coklat kolot, utamana anu aya di handapeun buku tangkal; buku-bukuna ngajarendul.[9][10]

Salumpitna/Culm-sheat gancang leupas tina tangkal; wanguna kawas trapesium leutik, mimtina kawas aya wedakna (semu bodas), henteu buluan, melengkung henteu rata, tungtungna nikel kaluar.[9] Ligula rérégéan henteu rata, jangkungna 1,5 mm, lokos.[9] Palapah daun gancang leupas, ajeg, wangunna kawas segi tilu rada pongpét, palapah handapna méh sarua jeung palapah luhurna, tungtung palapah daun semu méncos, di luarna buluan kelirna coklat.[9][10][11]

Daun salambar lonyod méncos ka tungtungna 5-13 × 0,6-1,5 cm, daun beulah handap rada keusrak, semu bodas, ngaronyok aya kana 5-26 lambar daun dina tungtung régang; salumpit daun leutik, baruluan ; ligula rérégéan, jangkung lk. 1 mm.[9][10]

Remove ads

Tempat hirup jeung ékologi

Awi krisik ditaksir asalna ti wewengkon Indocina jeung Cina beulah kalér; kiwari geus nyebar ka sababaraha nagara di wilayah tropis, kaasup Asia Tenggara.[6][12] Awi krisik disebut ogé awi ganani bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh, ogé dina dataran anu luhur 1.500 m tina beungeut cai laut (dpl).[6]

Mangpaat

Awi krisik loba anu mikaresep tur ngahaja dipelak utamana pikeun pager hirup di kebon jeung buruan.[6] Tangkalna anu geus kolot sok dimangpaatkeun pikeun gagang payung atawa jeujeur.[6][13] Di Indonesia jeung Thailand ieu awi dipaké ogé pikeun anyaman.[6] Di Filipina, tangkalna geus dipecakan dijieun bubur pikeun nyieun kertas pulp.[6] Di Taiwan, Awi krisik dipaké pikeun panghalang angin.[6] Kultivar-kultivar tangkalna leuwih pendék ngahaja dipelak dina pot pikeun papaés buruan.[6]

Dicutat tina

Daptar pustaka

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads