Ganas

From Wikipedia, the free encyclopedia

Ganas
Remove ads

Ganas atawa danas (Ananas comosus) nyaéta tutuwuhan jeung buah tropis, nu sigana asalna ti Uruguay, Brazil, atawa Paraguay.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Étimologi

Ngaran ilmiah ganas, Ananas comosus, ananas, dicokot tina ngaran asli buahna dina basa Tupi (Rio de Janeiro, Brazil), nanas, luyu jeung catetan André Thevenet taun 1555.

Buahna

Penyerbukan alami buah ganas biasana dibantuan ku kolibri. Penyerbukan ieu perlu pikeun ngabentuk siki; ayana ieu siki ngurangan kualitas buah. Di Hawai, nu loba tatanén ganas, impor kolibri dicaram ku alesan ieu.

Pangaruh gizi

Buah ganas ngandung énzim protéolitik bromelain, nu ngarecah dahareun ku cara ngancurkeun protéinna. Ku kituna, sari ganas sok dipaké pikeun ngaleuleuskeun daging. Ieu énzim bisa bahya pikeun nu nandangan kakurangan atawa cacad protéin, misalna baé sindrom Ehlers-Danlos.

Kapercayaan tradisional nyebutkeun yén ganas bisa jadi ubar keur gangguan pencernaan, ogé cénah bisa ngabantu pikeun ngalahirkeun.[2]

Ganas seger kadang bisa ngabalukarkeun iritasi kana tungtung létah, anu karasana semu peuheur atawa pahang. Pikeun ngurangan gangguan ieu, biasana ganas sok dikeueum heula dina ciuyah.

Buah ganas téh sumber mangan anu hadé (91%DV tina sagelas) sarta loba ngandung vitamin C (94%DV tina sagelas) jeung Vitamin B1 (8%DV tina sagelas).[3]

Sajarah budidaya

Thumb
Charles II disuguhan ganas anu munggaran dipelak di Inggris (lukisan taun 1675 karya Hendrik Danckerts).

Ganas sumebar ti tempat asalna (tengah Amérika Kidul) ku cara dipelak. Mangsa Christopher Columbus datang (1492), ganas geus sumebar ka Amérika Kidul jeung Tengah, Méksiko kidul, jeung Karibia (Hindia Kulon). Bangsa Spanyol mawa ieu pepelakan ka Pilipina, pulo Hawai (kira awal abad ka-19, budidaya komersil munggaran 1886), jeung Guam. Di Éropa, ganas bisa dipelak di rumah kaca. Kultivar anu biasa dipelak nyaéta 'Red Spanish', 'Hilo', 'Smooth Cayenne', 'St. Michael', 'Kona Sugarloaf', 'Natal Queen', jeung 'Pernambuco'.

Remove ads

Galeri

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads