Awi bunar

From Wikipedia, the free encyclopedia

Awi bunar
Remove ads

Awi bunar (Schizostachyum) nyaéta awi anu asalna tina kulawarga Poaceae, Genus: Siraten, Spesies: Siraten steudel, Sinonim Schizostachyum biflorum McClure.[1] Hirup kalawan subur di daérah anu perenahna 600 méter saluhureun beungeut cai laut, loba kapanggih hirup di pilemburan, sisi leuweung, pasir, lamping, jeung suku gunung.[2]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Type species ...

Tangkalna ajeg ka luhur kékép ngarungkun, jangkung tangkalna tina puhu nepi ka congona 6-10 méter.[2] Daging tangkalna kawilang ipis, buleudan tangkalna 2-5 cm tur panjang buku ka buku 70-80 cm.[2] Awi bunar diarah tangkalna pikeun rupa-rupa kabutuhan, tapi teu saeutik ogé anu ngahaja diala pikeun dijual beulikeun.[2]

Sanajan tacan aya dina daptar beureum spesies anu baris tumpur di IUCN, dina kanyataanna tangkal awi bunar téh kiwari geus arang langka katempo hirup liar.[2][3] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar disebut ogé buloh anap (Malaysia), buluh lacau (Brunei), pring wuluh (Indonesia).[1] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun kuluwung, lodong wadah cai, Leumeung, paranti ngagolontorkeun cai di pancuran, jeung sajabana.[5] Dina adat kabiasaan urang baduy awi bunar dimangpatkeun pikeun nyieun obor.[6]

Remove ads

Tempo ogé rupa-rupa awi

  1. Awi wulung
  2. Awi surat
  3. Awi haur
  4. Awi buluh
  5. Awi bitung
  6. Awi temen
  7. Awi tali
  8. Awi krisik
  9. Awi tamiang

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads