Awi buluh
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Awi buluh, (Schizostachyum brachycladum)[5] nyaéta tangkal awi anu biasa dipaké ngaleumeung.[6] Loba kapanggih hirup di wewengkon Malesia jeung Indocina[7], awi buluh atawa dina basa Indonésia bambu lemang disababaraha daérah disebut ogé : buluh néhé (Sm.); buluh séro (Mlk.); pĕrréng bulu, p. lampar (basa Madura); bulo talang (basa Makassar).[8] Tangkalna (forma) mibada kelir konéng méh sarimbag jeung awi haur konéng, awi buluh sok disebut ogé awi konéng atawa bambu bali,[6] disebut ogé bambu kuning bali.[6] Dina basa Inggris awi buluh disebutna Sacred Bali bamboo atawa Golden Bali bamboo.[9]
Remove ads
Ciri Mandiri
Awi buluh hirupna ngadapur, tangkalna kékép tur ajeg kaluhur; iwungna konéng aya ogé anu héjo, disimbutan ku bulu-bulu miang kelirna coklat tur jarocong.[10] Tangkalna laleceng ka luhur, jangkungna bisa nepi ka 8-15 m melenoy ka tungtungnakeun; sirung tangkalna bijil tina jero taneuh; dina sadapur tangkal awi buluh aya kana 25-30 tangkal ukuranna méh sarua gedé kitu deui jangkungna.[10] Panjang buku 35-50 cénti buleudan tangkalna 8–10 cm, awi buluh mah kawilang ipis kandel tangkalna ngan saukur 4 mili; kelirna héjo sakapeung semu paul aya ogé anu konéng paselang jeung guratan héjo, tangkalna anu masih kénéh ngora baruluan ieu bulu baris ragrag mangsa tangkalna geus manjing déwasa.[6][10]
Salumpitna/Culm-sheat heuras tur henteu gancang ragrag; gedéna 12-27 × 18–35 cm; beulah luarna baruluan; kelirna coklat ngora nepika coklat kolot.[10] Palapah daun segitilu tungtungna méncos tur heuras gedéna 4-18 × 4–10 cm, biasana mah henteu buluan ngan katempo kawas uratan.[6][10][11]
Variétas anu mibanda ceuli salumpit leuwih panjang tur rubak mimiti kapanggih hirup di Singapura mibanda ngaran var. auriculatum Holttum.[12]
Daun anu dina régangna lanset, 20-40 × 4–7 cm, beulah handapna keusrak lantaran buluan, luhurna mah henteu; palapah dauna leutik panjangna 1 mm, palebah puhuna 0,7 mm; ligula rata, panjangna 1 mm, lokos.[6]
Remove ads
Tempat hirup jeung ékologi
Awi buluh kayahoan loba hirup tur nyebar di wewengkon Asia Tenggara; ti mimiti Thailand, Semenanjung Malaya, Sumatera, Kalimantan, Jawa, Bali, Sulawesi, Maluku, nepi ka Luzon di Filipina.[10] Loba hirup liar sisi leuweung atawa sisi sawah, arang langka kapanggih hirup di jero leuweung, anu mibanda tempat 600 m luhureun beungeut cai laut (dpl).[10] Awi buluh loba ngahaja dipelak di pilemburan, teu saeutik ogé anu hirup kitu waé di sisi jalan, sisi walungan, jeung sajabana.[10] Forma tangkalna anu héjo semu paul loba kapanggih hirup di Sumatera, Kalimantan, Sulawesi jeung Maluku anu luhur tempatna 250 m tana beungeut cai laut (dpl).[10]
Remove ads
Manfaat
Awi buluh loba pisan guna jeung mangpaatna saperti : turus pepelakan, karajinan, kuluwung, hateup, wadah leumeung, dijieun wadah inuman, di Toraja ieu awi dijieun bahan pikeun lalangit, di Bali awi buluh dipaké dina upacara ti mimiti anu lahiran nepikeun ka aya anu maot.[10]
Forma tangkalna anu konéng loba dimangpaatkeun pikeun papaés buruan imah jeung kantor.[10] Aya ogé anu ngahaja dipelak sisi gawir pikeun nyingkahan taneuna urug atawa longsor, kitu ogé iwungna bisa dimangpaatkeun pikeun sayuran sanajan rasana semu pait.[10]
Tempo ogé rupa-rupa awi
Daptar pustaka
- Kamus PS, Tim Penyusun (2013). KAMUS PERTANIAN UMUM. Penebar Swadayas. ISBN 978-979-002-593-6.
- Ohrnberger, D. (2013). The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa. Elsevier. ISBN 0-444-50020-0.
- Andoko, Drs. Agus (2013). Budi Daya Bambu Rebung. Kanisius.
- Gerbono, Anton (2005). Teknologi Tepat Guna ANEKA ANYAMAN BAMBU. Kanisius. ISBN 979-21-0712-6.
- Haryanto, - (1996). Teknologi Tepat Guna MEMBUAT KURSI BAMBU. Kanisius. ISBN 979-497-621-0.
Remove ads
Dicutat tina
Pranala luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
