Awi bitung

From Wikipedia, the free encyclopedia

Awi bitung
Remove ads

Awi bitung atawa bitung (Dendrocalamus asper) nyaéta awi anu tangkalna mibanda ukuran leuwih badag, kaasup kana kulawarga Poaceae.[6][7] [8][9]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...

Awi bitung mibanda sababaraha ngaran saperti : bambu betung, buluh petung (Mly.); bulu botung (Bat.); oloh otong (Gayo); triĕng bĕtong (basa Acéh); léwuo guru (basa Nias); bambu batuĕng (basa Minangkabau); pĕring bĕtung (basa Lampung); pring pĕtung, dĕling pĕtung, jajang bĕtung (basa Jawa); pĕréng pĕtong (bahasa Madura); tiing pĕtung (bahasa Bali); bulo patung, b. patong (basa Makassar); awo pĕtung (basa Bugis); au pĕtung (Solor); bambu swanggi (Banda), betong (Manggarai, Florés, NTT).[3] Dina basa Inggris awi bitung disebut rough bamboo atawa giant bamboo.[7].

Remove ads

Pedaran

Thumb
Awi bitung hirup sisi gawir

Tangkalna ngadapur; iwungna hideung semu gandaria, disimbutan ku bulu-bulu (miang) kelirna coklat aya ogé anu hideung.[3] Tangkalna kawilang badag, panjang bukuna 40-50 cm buleudan tangkalna 12-18(-20) cm, jangkung tangkal ti puhu nepi ka tungtung kurang leuwih 20 m ka tungtungnakeun melenod; kelir tangkalna héjo, héjo kolot, aya ogé anu héjo semu gandaria.[10] Buku-bukuna barijil akar tapi henteu manjangan anu katelah akar udara.[10] Kandel tangkalna 11 nepi ka 36 mm.[7]

Salumpitna Culm-sheat kawilang badag, lk. 50 × 25 cm,[7] disimbutan ku bulu-bulu miang kelirna coklat kolot nepi ka hideung; tungtung salumpit ngaringkél panjangna 7 mm palapah daunna jurutilu palebah handapna ngaleutikan.[10] Daun dina régan mibanda palapah anu lokos kelirna konéng ngora tur buluan, 2 mm, daun salambar 15-30(-45) × 1-2,5(-8,5) cm.[10]Beulah handap keusrak; cupat daunna pondok .[7][11]

Kembangna bijil ngaranggeuy tina tungtung dahan anu henteu mibanda daun spikelet.[10] Spikelet ngawangun elipsoid, 6-9 × 4-5 mm, rada gepéng ka gigir, dieusi ku 1-2 gluma jeung 4-5 ''floret''.[7]

Remove ads

Tempat hirup

Awi bitung ditaksir asalna ti wewengkon Asia Tenggara.[7]Kiwari tangkal awi bitung méh bisa kapanggih di unggal daérah di Asia tropis.[7] Ogé kapanggih dinagara séjéna saperti Ghana, Benin, Kongo, Kenya, jeung Madagaskar.[7]Tangkal awi bitung nyebar nepika dataran anu mibanda 1.500 m dpl.[7] Di Taman Nasional Gunung Gede Pangrango awi bitung masih kénéh kapanggih hirup di dataran 1.910 m dpl.[12]

Awi bitung hirup kalawan subur utamana dina taneuh anu jemlék sok sanajan bisa Jadi ogé dina dataran anu garing boh di pagunungan anapon di tegalan.[10] Awi bitung bisa hirup kalawan subur di daérah anu luhur tempatna 400–500 m tina beungeut cai laut (mdpl) ogé di daérah anu mibanda hujan dina sataun rata-rata 2.400 mm.[7]Awi bitung bisa hirup dina sagala rupa taneuh, tapi bakal leuwih hadé umpama hirup dina taneuh jemlek.[7] Kasorot ku panon poé, suhu pang tiisna dina 25 °F.[13]

Remove ads

Mangpaat

Awi bitung geus dimangpaatkeun pikeun : kontruksi, tihang imah, parahu, rakit, sasak, jeung sajabana. [3][14] Dina kaayaan garing awi gombong leuwih kuat jeung awét, dina kadar cai 8% kapadetan kaina kurang leuwih 0,7-0,8 g/cm³.[7]Dina kaayaan kadar cai 15%, kakuatan kai awi bitung mangsa dipotongkeun 103 N/mm²; kakuatan nahan mangsa nahan beurat sajajar jeung urat tangkalna 31&nbsp.[10]

Awi bitung biasa ogé dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kabutuhan : Kuluwung, lodong cai, lahang, waditra, furnitur, parabot rumah tangga, bubur kertas, sumpit, tusuk gigi, jeung sajabana.[14][7][15] [10]

Iwung Awi bitung mah kawilang badag, rasana ogé henteu pait malahan rada amis anu matak loba anu mikaresep. [3] Pikeun diolah jadi acar, sayuran, bahan pikeun iwung kaléngan, iwung awi bitung mibanda kualitas anu hadé dibandingkeun jeung iwung awi séjén.[7]

Tempo ogé rupa-rupa awi

  1. Awi wulung
  2. Awi bunar
  3. Awi surat
  4. Awi haur
  5. Awi buluh
  6. Awi temen
  7. Awi tali
  8. Awi krisik
  9. Awi tamiang

Daptar pustaka

  • Kamus PS, Tim Penyusun (2013). KAMUS PERTANIAN UMUM. Penebar Swadayas. ISBN 978-979-002-593-6.
Remove ads

Dicutat tina

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads