Alpuket

From Wikipedia, the free encyclopedia

Alpuket
Remove ads

Alpuket (Persea americana) (tina basa Nahuatl āhuacatl) nyaéta tutuwuhan pituin Méksiko jeung Amérika Tengah, kaasup kana tutuwuhan kembangan kulawarga Lauraceae.[1][2] Ieu buah boga ajén ékonomi anu gedé, antukna loba dipelak di sakuliah dunya, utamana di wewengkon tropis. Daging buahna beyé, héjo semu konéng, loba ngandung lemak nu utamana lemak teu jenuh. Lian ti lemak, ieu buah ogé euyeub serat, vitamin, jeung kalium.[1][3]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Asal-usul

Alpuket geus lila pisan dipelak di Amérika Tengah jeung Kidul. Di Chan Chan, hiji kota kuna saméméh jaman Ingka, kapanggih artéfak kendi ti taun 900-an nu wujudna kawas alpuket[4], sedengkeun bukti tatanén di Méksiko paling henteu umurna geus 10.000 taunan[5]. Literatur paling kuna nu nyabit-nyabit alpuket di Éropah ditulis taun 1518/1519 karya Martín Fernández de Enciso (14701528): Suma de Geografía que Trata de Todas las Partidas y Provincias del Mundo.[5][6]. Catetan munggaran ngeunaan alpuket dina basa Inggris dijieun ku Hans Sloane taun 1696, dina bukuna ngeunaan tutuwuhan Jamaika. Ieu pepelakan dibawa ka Indonésia taun 1750, Brazil taun 1809, Levant taun 1908, jeung Afrika Kidul sarta Australia ahir abad ka-19[5].

Étimologi

Thumb
Alpuket nu cangkangna semu hideung.

Kecap "alpuket" asalna tina kecap "avocado", nu béh dituna tina basa Nahuatl āhuacatl ("siki kanjut", dumasar kana bentuk buahna)[7]. Baheula, alpuket katelah salaku afrodisiak, antukna tara didahar ku jalma anu can kawin atawa anu satia ka pamajikan. Ku bangsa Azték, ieu buah disebut "buah kasuburan"[6]. Di sababaraha nagara Amérika Kidul, kayaning Argéntina, Bolivia, Chilé, Péru, jeung Uruguay, ieu buah kawentar dina ngaran Quechuana, palta. Di nagara-nagara nu maké basa Spanyol, ieu buah disebut aguacate, sedengkeun ku urang Portugis disebutna abacate.

Remove ads

Melak jeung ngarekahkeun

[[Image:Avocado Seedling.jpg|thumb|rigjt|150px|Persea americana, bibit alpuket katenpo akar jeung sikina]

Thumb
Hasil bumi tina alpuket sadunya dina taun 2005
Fakta Singget Food and agriculture, Country ...
Remove ads

Mangpaat

Informasi leuwih jero Avocado, raw (edible parts) Ajén gizi per 100 g (3.5 oz), Karbohidrat ...

Buah alpuket hasil budidaya bentukna buleud nepi ka lonyod panjang, kelirna héjo kolot nepi ka coklat semu hideung. Kandungan lemakna onjoy batan bungbuahan séjén, nu lolobana lemak teu jenuh tunggal. Daging buah nu geus asak warnana konéng semu héjo nepi ka konéng emas. Mun kabuka jeung keuna ku udara, warnana bakal robah jadi coklat alatan oksidasi. Pikeun vegetarian, alpuket kapaké pisan salaku gaganti daging ku sabab loba kandungan lemakna.

Ajén gizi

Kandungan lemak dina alpuket ampir 15%, nu lolobana lemak teu jenuh tunggal. Kandungan kaliumna 60% leuwih loba batan cau, euyeub vitamin-vitamin B, vitamin E, jeung vitamin K[8]. Kandungan seratna paling punjul di antara bungbuahan - 25% serat leyur jeung 75% teu leyur[9].

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads