From Wikipedia, the free encyclopedia
Surah Al-fil nyaéta surat ka-105 dina Al Qur'an sarta diwangun ku 5 ayat. Surat ieu kagolongkeun kana surat makkiyah. Ngaran Al Fiil sorangan hartina Gajah anu dicokot ti ayat kahiji tina ieu surat. Jejer surat ieu téh nyaéta carita gagalna usaha ngancurkeun Ka'bah ku Abrahah (raja Yaman) jeung 60.000 soldaduna kaasup di antarana 13 gajah (atawa 9 dina vérsi séjén). Waktu lumangsungna kajadian ieu ogé dicatet dina sajarah Islam minangka Taun Gajah.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | أَلَمۡ تَرَ كَيۡفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِأَصۡحَـٰبِ ٱلۡفِيلِ |
Naha anjeun teu niténan, kumaha Pangéran anjeun nindak ka pasukan gajah? |
2. | أَلَمۡ يَجۡعَلۡ كَيۡدَهُمۡ فِى تَضۡلِيلٍ۬ |
Naha lain tipu dayana geus digagalkeun ku Anjeunna? |
3. | وَأَرۡسَلَ عَلَيۡہِمۡ طَيۡرًا أَبَابِيلَ |
Jeung Anjeunna ngeprakkeun manuk abrul-abrulan keur ngabinasakeun maranéhna. |
4. | تَرۡمِيهِم بِحِجَارَةٍ۬ مِّن سِجِّيلٍ۬ |
Ngabalédogan maranéhna ku taneuh nu ngabatu |
5. | فَجَعَلَهُمۡ كَعَصۡفٍ۬ مَّأۡڪُولِۭ |
Nya anjeunna ngajadikeun maranéhna rugul lir daun dihakan hileud. |
Surat sateuacanna: Al Humazah |
Surat 105 | Surat saparantosna: Quraisy |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.