From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat An Nas nyaéta surah pamungkas (ka-114) dina Al Qur'an. Ngaran An-nas dicokot tina kecap An-nas anu sababaraha kali disebut dina surat ieu anu hartina manusa. Surat ieu kaasup kana golongan surat makkiyah. Eusi surat nyaéta ngajurung manusa ménta panangtayungan ka Alloh tina godaan sétan boh anu asalna ti golongan manusa atawa jin.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | قُلۡ أَعُوذُ بِرَبِّ ٱلنَّاسِ |
Pok caritakeun (Muhammad): “Kaula neda tulung nyalindung ka Pangéran nu ngaraksa-ngariksa manusa. |
2. | مَلِكِ ٱلنَّاسِ |
Rajana sakabéh manusa. |
3. | إِلَـٰهِ ٱلنَّاسِ |
Pangéranna sakabéh manusa. |
4. | مِن شَرِّ ٱلۡوَسۡوَاسِ ٱلۡخَنَّاسِ |
Tina kajahatan nu ngaharéwos, nu ngadodoho. |
5. | ٱلَّذِى يُوَسۡوِسُ فِى صُدُورِ ٱلنَّاسِ |
Anu ngaharéwos, dina haté manusa. |
6. | مِنَ ٱلۡجِنَّةِ وَٱلنَّاسِ |
Ti bangsa jin jeung manusa.” |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.