From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat At Tahrim (Basa Arab:التَّحريم) nyaéta surat ka 66 dina Al Qur'an. Surat ieu kagolong surat Madaniyah nu kawengku 12 ayat. Dingaranan At Tahrim dicokot tina awal ieu surah kecap tuharrim nu boga harti ngaharamkeun.
Eusi pokok ieu surat, di antarana:
يٰأَيُّهَا ٱلنَّبِيُّ لِمَ تُحَرِّمُ مَآ أَحَلَّ ٱللَّهُ لَكَ تَبْتَغِي مَرْضَاتَ أَزْوَاجِكَ وَٱللَّهُ غَفُورٌ رَّحِيمٌ
(1) Hé Nabi, naha anjeun ngaharamkeun nu Alloh ngahalalkeun ka anjeun lantaran pamajikan, (padahal) Alloh Nu Jembar hampura tur Maha Asih.
قَدْ فَرَضَ ٱللَّهُ لَكُمْ تَحِلَّةَ أَيْمَانِكُمْ وَٱللَّهُ مَوْلاَكُمْ وَهُوَ ٱلْعَلِيمُ ٱلْحَكِيمُ
(2) Saéstuna Alloh geus ngawajibkeun aranjeun sakabéh lulubaran tina sumpah aranjeun,[3] Alloh téh Nu Maha Uninga Maha Wijaksana.
وَإِذْ أَسَرَّ ٱلنَّبِيُّ إِلَىٰ بَعْضِ أَزْوَاجِهِ حَدِيثاً فَلَمَّا نَبَّأَتْ بِهِ وَأَظْهَرَهُ ٱللَّهُ عَلَيْهِ عَرَّفَ بَعْضَهُ وَأَعْرَضَ عَن بَعْضٍ فَلَمَّا نَبَّأَهَا بِهِ قَالَتْ مَنْ أَنبَأَكَ هَـٰذَا قَالَ نَبَّأَنِيَ ٱلْعَلِيمُ ٱلْخَبِيرُ
(3) Nalika Nabi ngarusiahkeun ka sabagéan istri-istrina (Hafsoh) hiji urusan, terus inyana (Hafsoh) ngaharéwoskeun éta urusan (ka Aisyah). Alloh ngabéjérbéaskeun (haharéwosan Hafsoh jeung Aisyah) ka anjeuna (Nabi). Tuluy anjeuna (Nabi) ngabéjakeun (iber ti Alloh téa) sabagéanana (ka Hafsoh) jeung nyidem sabagéanana. Nalika (Nabi) ngabéjakeun (haharéwosan Hafsoh jeung Aisyah) ka inyana (Hafsoh), pok (Hafsoh) nanya: Saha nu ngabéjaan anjeun (hé Rosululloh), dawuhna: Nu ngabéjaan kuring Nu Maha Uninga tur Maha Waspada.
إِن تَتُوبَآ إِلَى ٱللَّهِ فَقَدْ صَغَتْ قُلُوبُكُمَا وَإِن تَظَاهَرَا عَلَيْهِ فَإِنَّ اللَّهَ هُوَ مَوْلاَهُ وَجِبْرِيلُ وَصَالِحُ الْمُؤْمِنِينَ وَالْمَلاَئِكَةُ بَعْدَ ذَلِكَ ظَهِيرٌ
(4) Lamun anjeun duaan (Hafsoh jeung Aisyah) tobat maka haté anjeun duan geus ponténg (kana hadé). Tapi mun anjeun duaan silih bantu rék nyusahkeun ka anjeuna (Nabi), éstu Alloh gédéngeunana, ogé Jibril jeung urang mu'min nu saroléh. Kitu ogé para malaékat bakal nulungan (Nabi). (Jstrna)
Alloh SWT ngécéskeun yén rumah tangga Nabi s.a.w (istrina Siti Hafsoh jeung Siti Aisyah r.a nu haharéwosan), diuji ku masalah minangka conto pikeun rumah tangga umatna. Papasangan nu lian ogé kitu saperti Nabi Nuh a.s. jeung istrina nu nirca, Nabi Luth a.s. jeung istrina nu teu saihwan (saiman), Siti Asiyah (nu iman), istrina Fir'aon (raja nu deleka) jeung Siti maryam nu soléhah (tapi boga budak teu bapaan kuidin Gusti minangka ujian). Masing-masing ngalakonan lalakon hirup nu kudu di hareupan, bari teu lepas tina usaha sakuat tanaga, kabisa, jeung ulah poho ka purwadaksina (ka Alloh). Di antarana ku tobat jeung ngadu'a (ménta tutulung ka Alloh), ulah nyieun reka polah tanpa deuheus ka Pangéran.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.